(Diturunkeun di Sawojajar Bogor Tahun Alip Tanggal 13 Mulud Tahun 1970)
Bismillahirrohmannirrohim
Jangji aing geus pasti
Samemeh turun ka bumi
Ti alam langgeng nu tadi
Can dohir hirup jasmani
Gusti anu mere pasti
Anu dibere pasti
Pasti Gusti moal palsu
Ngaran aing geus ngabaju
Ayi wakil kanu bungsu
Wujud aing goreng baju
Rek ngabasmi Ratu anu palsu
Anu hanteu make hukum anu tangtu
Di muka bumi anu lega
Ratu palsu keur upaya
Supaya ulah timbulna
Ratu anu sajatina
Ditutup liang jalan na
Supaya ulah timbulna
Ratu palsu anu ayeuna
Lain hayang bubarna
Ngan hayah manehanana
Anu senang bangsa sukuna
Abong kawas ngahina
Jadi ratu satutup umurna
Akal politik bawana
Ngaku ratu satutup umurna
Ngan bae teu laksana
Kaburu ku waktuna
Bongan hawek kadulurna
Jadi cemar bau ngaran na
Padahal tadi geus jangji
Raka sareng tuang Rai
Raka masing inget kadiri
Diri raka keur diupama
Ulah wani dijual ka istri
Istri jadi racun diri
Bukti nyata teu sulaya
Raka anu keur kawasa
Diupama kusadunya
Leungit raka kawasana
Budak leutik teu ngupama
Akibat istri buktina
Anu teu inget ka asalna
Jangji tadi jeung adina
Babarengan dina senangna
Anu hanteu ngajaitna
Teu ngumpama ka adina
Ngaran bau katungtungna
Akibat bukti jeung nyata
Raka anu kabeulitna
Ku istri anu buktina
Jadi kaluar tina tahtana
Leungit tina jasmani na
Jadi tinggal kagorenganana
Terang waktu panggihna
Di kantor N.P perdatina adina
Anu geus mere simbulna
Make baju panggorengna
Raka anu teu telekna
Raka anu goreng tungtungna
Simbul adi goreng bajuna
Raka goreng jerona
Anu pasti katembongna
Kusakabeh rahayatna
Anu asal tadi alusna
Timbul kagorenganana
Ciri bukti tibalikna
Anu asli nya rupana
Anu pinter pulitikna
Keur seungit ngaran wujudna
Jadi bukti sabalikna
Leungit alus goreng tungtungna
Adi anu keur gorengna
Rupa goreng teu bogana
Anu hanteu diupama
Teu boga kahina bina
Istri anu teu hayangna
Sudi ngadeukeutanana
Atuh puguh pang puguhna
Keur goreng pangmalaratna
Dipandang dunya barana
Raka mah keur hade adeg rupana
Anu mana nya buktina
Susah payah kami hayang panggihna
Tah ieu urang buktikeun
Hade goreng Gusti nu nyieun
Masing percaya ulah sieun
Ku aing bukti anu nyieun
Adil aing dibuktikeun
Manah aing ngarupakeun
Nu rek nyapih ngaratakeun
Supaya ulah kagoda
Ku Idajil jadi jalma
Jadi awewena nya buktina
Sabab aing geus jadina
Waktu setan Idajil na
Malah nu jadi ratu ayeuna
Teu terang kana wujudna
Anu estu manusana
Ratu mukmin ngawujudna
Padahal geus dina gado
Ngan manehna hanteu nenjo
Jadi rati loba poho
Idajil na anu keur ngolo ngolo
Supaya leungit anu ngejo
Jalma kabawa saparo
Gusti pasti mere adilna
Nu hade jadi gorengna
Nu goreng jadi hadena
Nu gede jadi leutikna
Nu leutik jadi gedena
Nu senang jadi ripuhna
Adil bukti jeung nyata
Anu beunghar jadi ripuhna
Anu malarat jadi beugharna
Anu pinter jado bodona
Anu bodo jadi pinterna
Anu aya jadi euweuhna
Adil bukti karasa kusadayana
Kolot jadi budakna
Mulya jadi hinana
Hina jadi mulyana
Wani jadi sieunna
Sieun jadi wanina
Pasti adi raka adina
Adi jadi rakana
Mulya raka jadi ratuna
Miskin adi jadi rakyatna
Mulya adi jadi ratuna
Raka miskin jadi rakyatna
Moal salah nu rek ngajadina
Raka anu geus katembongna
Anu pinuh jadi ratuna
Leungit raka jadi ratuna
Jadi tumbuh pasti adina
Jadi ratu diahirna
"Mupunjung Jeung Ngagungkeun Karuhun teh Teu Cukup ku Kebul Kukus jeung Ngagul-ngagulna Wungkul, tapi Kudu Dibarung ku Kasadaran, yen Karuhun teh Ninggalkeun Karya jeung Hanca jeung Mangka Inget, Yen Unggal Entragan Pasti Jaradi Karuhun. Demi Kawajiban Urang Nyaeta Nuluykeun Hanca Karuhun, Ngagarap Tantangan Zaman Sorangan, Nyieun Karya Tuluykeuneun Entragan Anu Pandeuri"
Tuesday, January 20, 2009
Kidung Perdati Rai Raka
Wangsit Pangeran Papak
Wangsit ti Pangeran Papak (R. Wangsa Muhammad)
Tanggal: 8 April 1982. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.
* Rumaksa ing jagat kabeh,
rumaksa ing kujur diri,
rumaksa taya petotna,
saking ati nu berbudi,
perceka ngagarap rasa,
nu nitis ti alam suci.
* Sujud tilu kana tilu,
opatna sahabat mami,
kalima pancering awak,
tujuh nema dina wujud,
salapan dadasar raga,
sawelas pungkasan diri.
* Puguh nuhun kudu kitu,
da eta jalaning suci,
kudu sabar ku cocoba,
kapan geus pasti geus jangji,
ulah luncat ti subaya,
wayahna peurih saeutik.
* Upama hirup geus wujud,
bakal karasa ku yakin,
aya teh dina teu aya,
teu aya teh dina saksi,
nyaksi yen ukur teu daya,
kumambang ka kersa Gusti.
* Rum arum sadarum jati,
jati jatining kang suci,
kapan aya papay raratan,
raratan wincikan lahir,
gumelar geus ti baheula,
di dunya ukur arulin.
* Muga estu ka satuhu,
ulah ngijing sembah salah,
tuluyna ruksak rohaka,
jadi jejerih ku bukti,
sagala sieun ku boa,
nuturkeun rungsing berewit.
* Kum, Ahum Wali Yang Agung,
Bis - Mim Waliyul diri,
Lam, Alip dina mamaras,
mangka buka mangka yakin,
da eta jejeran gelar,
tuturkeuneun nu perwinci.
* Opat teh sada awalna,
lima teh sada ahirna,
ayana di la illaha,
nema dina illalohu,
anjogna waliyulloh nu hakiki.
* Sumujud tuhu ka estu,
sumujud yakin hakiki,
sumembah di ka-Allah-an,
sumungkem di kahayatan,
insan sumujud ka insan,
Gusti sumujud ka Alloh.
* Mim, Dal, Mim, Nun.
Keur hidep:
iup bayu tiup rahayu,
angin leutik ti Lohmahfud,
jaregjeg raga sukmana,
cageur bageur hirup-hurip,
bray caang, bral geura miang,
sanghareupan nu hakiki.
* Kitu kuduna nu hirup,
mapay ka raratan diri,
ti mana mulang ka mana,
ti mendi balik ngajadi,
mun mulang rebo bawana,
balik ngahariring leutik.
* Turungtung tepi ka puhu,
paralak ku raga suka,
ditabeuh pinuh kadeudeuh,
Allohu - Allohu kula rek datang,
dalitkeun dina hakekat,
hayang nyurup puhu tungtung
Tanggal: 8 April 1982. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.
* Rumaksa ing jagat kabeh,
rumaksa ing kujur diri,
rumaksa taya petotna,
saking ati nu berbudi,
perceka ngagarap rasa,
nu nitis ti alam suci.
* Sujud tilu kana tilu,
opatna sahabat mami,
kalima pancering awak,
tujuh nema dina wujud,
salapan dadasar raga,
sawelas pungkasan diri.
* Puguh nuhun kudu kitu,
da eta jalaning suci,
kudu sabar ku cocoba,
kapan geus pasti geus jangji,
ulah luncat ti subaya,
wayahna peurih saeutik.
* Upama hirup geus wujud,
bakal karasa ku yakin,
aya teh dina teu aya,
teu aya teh dina saksi,
nyaksi yen ukur teu daya,
kumambang ka kersa Gusti.
* Rum arum sadarum jati,
jati jatining kang suci,
kapan aya papay raratan,
raratan wincikan lahir,
gumelar geus ti baheula,
di dunya ukur arulin.
* Muga estu ka satuhu,
ulah ngijing sembah salah,
tuluyna ruksak rohaka,
jadi jejerih ku bukti,
sagala sieun ku boa,
nuturkeun rungsing berewit.
* Kum, Ahum Wali Yang Agung,
Bis - Mim Waliyul diri,
Lam, Alip dina mamaras,
mangka buka mangka yakin,
da eta jejeran gelar,
tuturkeuneun nu perwinci.
* Opat teh sada awalna,
lima teh sada ahirna,
ayana di la illaha,
nema dina illalohu,
anjogna waliyulloh nu hakiki.
* Sumujud tuhu ka estu,
sumujud yakin hakiki,
sumembah di ka-Allah-an,
sumungkem di kahayatan,
insan sumujud ka insan,
Gusti sumujud ka Alloh.
* Mim, Dal, Mim, Nun.
Keur hidep:
iup bayu tiup rahayu,
angin leutik ti Lohmahfud,
jaregjeg raga sukmana,
cageur bageur hirup-hurip,
bray caang, bral geura miang,
sanghareupan nu hakiki.
* Kitu kuduna nu hirup,
mapay ka raratan diri,
ti mana mulang ka mana,
ti mendi balik ngajadi,
mun mulang rebo bawana,
balik ngahariring leutik.
* Turungtung tepi ka puhu,
paralak ku raga suka,
ditabeuh pinuh kadeudeuh,
Allohu - Allohu kula rek datang,
dalitkeun dina hakekat,
hayang nyurup puhu tungtung
Subscribe to:
Posts (Atom)