Saturday, November 27, 2010

Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan

Bismillahi Dzat nu Nyipta tur ngabuka babak lampah jagat raya Nu jadi ka-RUH-an Sarining Haya.
Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiung Agung nu Tunggal ngajadikeun rupaning nu Manunggal.
Laaillaha illalloh Muhammaddarrosulloh.
Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma.
Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an Sarining Kuring ngajirim jatidiri.
Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung, nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda.

Babak carita urang buka ku tekad tata jeung cara Sunda NINDAK ngudag WAYAH :
Bral urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda.
Prak urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda.
Prung urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat Budaya Sunda.

Hurung ngempur Lampu Agung - Siang Leumpang Ngabaladah...
Ku Rasa nu Ngabasa.
Ku Basa nu Mangrupa.
Ku Rupa nu Ngaungkara.
Ku Ungkara nu Nanggara.
Ku Tanggara nu Ngauga.
Ku Uga nu Ngawaruga.

Tujuh Rupa Ungkara nyipuh ngahirupan Dalapan Belas Rupa Puraga Talahawa jadi konci pikeun muka rusiah sabundering jagat.
Pangjangka nu ngajarak saban arah - ngajadikeun KARAMAH.
Pamatri nu ngajirim kana diri - ngajadikeun KARIMAH.
Panglawung ngagabung sabale gandrung - ngajadikeun KARUMAH.
Pangleber nu meber ka sekeseler - ngajadikeun KAREMAH.
Pangjero nu ngawaro ka panggero - ngajadikeun KAROMAH.
Panggeter nu meper - ngajadikeun KAREMAH.
Pangangkleung nu cukleuk leuweung - ngajadikeun KEREUMAH.

Basa nu hirup dina Rasa - Nga Uga KANYATAAN.
Basa nu hirup jadi Wasa - Nga Waruga KALAMPAHAN.

Indung nu jadi simbul Panyipuh :
Kembang tujuh rupa nu baris mere tangara seungitna Jati Sunda.
Cai sajeroning kalapa nu baris matri ngadiri kana Sukma Jati Sunda.
Gelarhirhing " BABAR SUNDA - DINA UGA - NGAWARUGA ".

Bral muka jalan tatapakan Manusa Sunda ti Nusantara rek ngalanglang Jagat, Poma tong ngahalangan bisi Katulah.
Kuring rek ngalengkeh ti Wewengkon Siliwangi mere beja nu TEGES - ECES - BENTES :
SUNDA MAPAG UGA, Nyukcruk Kaluhungan Indung.
SUNDA NANJEUR, Parahyangan Beuneur.
SUNDA MEGAR, Pajajaran Medar.
SUNDA SURTI, Siliwangi Walagri.
SUNDA NINDAK, Buana Robah Jadi Alam Panyundaan.
Sunda Indung Sagala Manusa. Bral...! Prak...! Prung...!

(sumber: sundamatandang.blogspot.com/1010/03/babar-kecap-panyipuhan-alam-panyundaan.html)

Monday, October 18, 2010

(Artikel ini Dimuat dina Cupumanik Bulan Mei taun 2010)

SANGHYANG SASANA MAHA GURU (SSMG) mangrupa téks Sunda kuna nu kawilang penting pikeun urang Sunda, ku sabab di jerona euyeub ku ajaran kaagamaan masarakat Sunda dina abad ka-16. Teu kurang ti 48 konsép kaagamaan nu diagem ku urang Sunda mangsa saméméh Islam sakumaha nu kaunggel dina SSMG téh. Ti mimiti Cupumanik édisi ayeuna, bagian-bagian dina SSMG téh baris dideres ti awal nepi ka ahir, pikeun méré lolongkrang guneman diskusi nu leuwih jembar.

Bagian awal SSMG dimimitian ku pedaran ngeunaan pañcawédani. Pancawédani téh mangrupa jalan pikeun manusa enggoning mersihkeun jiwana tina rupa-rupa pangaruh goréng. Nu jadi jalan pikeun nyucikeun jiwana téh suméndér kana lima perkara, nyaéta bwah (hasil), paksa (maksud), huning (pangaweruh), temen (enya-enya), jeung daék (kahayang) nu teu kapalang. Saenyana lima perkara ieu geus jadi poténsi dasar manusa. Dina ieu bab, pañcawédani téh dibéjér béaskeun deui kekecapanana. Pañca hartina lima, wé hartina cai, jeung dani hartina sapu nyéré.

Cai jeung sapu nyéré dianggap bisa dijieun sarana pikeun ngabersihkeun. Kapan cai nepi ka kiwari dipaké pikeun mandi mersihan awak. Sapu nyéré ogé sok dipaké pikeun mersihkeun runtah di buruan. Dina téks-téks Sunda kuna, kaayaan bersih haté mindeng dibandingkeun jeung kaayaan buruan nu geus disapukeun. Sanggeus nyieun arca, Bujangga Manik nuluykeun puja nyapu, tepak deku muja ka nu kawasa mersihkeun pikiran jeung haténa.

Anggeus aing puja nyapu,
linyih beunang aing nyapu,
kumacacang di buruan.
(Bujangga Manik 1292-1294)

Sangkan bisa ngabersihan jiwana, sang séwaka darma kudu bisa ngungkab tur ngamangpaatkeun poténsi dirina. Ngaguar poténsi diri téh bisa ku cara ningali sabudeureun alam. Manusa ngalaman prosés diajar ngaliwatan interaksi jeung alamna.
Bwah (hasil) téh salasahiji poténsi nu aya dina diri manusa. Lir ibarat dunya, nu teu ingkah sanajan dikakaya ku manusa tetep ngamalkeun pancénna. Hasil gé teu bina ti kitu, moal obah najan diganggu ku rupa-rupa perkara, gumantung kana tékad jeung ngalaksanakeun tékadna téa.

Paksa (maksud) manusa kudu kawas cai, mangpaatna bisa kaala saupama bijil ti huluna, tina sirah cai nu can kalimpudan ku kokotor. Tujuan manusa kudu bersih wening kawas cai ti mimiti migawé hiji hal nepi ka réngséna lir ibarat kamalirna cai nu tetep hérang ti sirahna nepi ka ngamuara di sagara.

Huning (pangaweruh) téh kudu saperti angin, nu bijilna ti béh kulon. Angin nu datangna ti béh kulon sok disebut ogé angin musim barat, nyaéta angin nu mawa berkah hujan ti bulan Désémber nepi ka Februari. Manusa nu huning hartina geus mampuh méré pangaweruh nu mangpaat pikeun jalma-jalma sabudeureunana.

Temen (enya-enya) téh dipapandékeun kana seuneu jeung ganggaman (pakarang). Seuneu mangrupa élemen nu kuat pikeun nyieun pakarang. Pakarang nu dipeupeuh jadi simbol kadariaan pandayna.

Daék (kahayang) nu henteu kapalang téh dipapandékeun jeung panon poé nu salawasna medal ti béh wétan. Sanajan kapindingan halimun atawa méga nu ceudeum tetep pengkuh nyumponan kawajibanana ku sabab kasadaranana kana pancén.


Bagian 1 - Pañcawédani
Téks:
Ndeh Sanghya(ng) Sasana Maha Guru ngaran sanghyang pustaka. Sasana ma ngaranya urut nu ti heula. Maha ma nu leuwih ti leuwih, tina dunya. Guru ma [ma] ngara(n)na puhun nikang rat kabéh.

Hana upadyanta kadya(ng)ga ning manik kanarga, lawan manik sawéstra. Yéka puhuning suka duka, hala hayu. Byaktanya nihan: Bwah paksa, huning t(e)men, daék mwa kapalang.

Kalinganya: bwah ma sanghya(ng) pratiwi, basana dipahayu, diturunkeu(n), ditaék(k)eun, dicamahan, dicampuran, hanteu susut hanteu pu(n)dung hanteu geurah hanteu bijah, keu[deu]deung deung langgeng ngawakan na kapratiwian. Iya kéh! Éta na awak(eu)neun sang séwaka darma.

Paksa ma cai, alaeunana ma, basana biji[h]l ti huluna. Téka bwar hérang tiis rasana. Geus ma hanteu kawurungan, teka ri sagara. Sa/4v/kitu na turutk(eu)neun sang séwaka darma.

Huning ma ngaran angin, alaeunana ma, basana m(e)tu ti barat, téka hir tiis, leuleus datangna ka awak urang. Geus ma hanteu kawurunganan, basana bijil medeng di bwana. Sakitu na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma.

T(e)men ta ma ngaraning ka apuy deungeun ga(ng)gaman. Ti iña éta dipipakeunnakeun ku nu réya, ku geui(ng) na temen.

Daék éka ma ngaranya, Sanghyang Aditya, basana m(e)tu ti bwana wétan, hanteu kawurunganan, ku méga ku hujan, (ku) kukus ku sanghub, teka ri(ng) kulwan, ku geui(ng) éka laksana. Kitu kéh na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma. Mulah mwa iyatna-yatna di Sanghya(ng) Pasangkanan. Nihan sina(ng)guh pañcawédani ngaranya. Panca /5v/ ma watek lima, wé ma cai, dani ma sapu ñéré.


Tarjamahan:
Nya ieu pustaka suci Sanghyang Sasana Maha Guru téh. Sasana hartina titinggal ti nu ti heula. Maha hartina nu leuwih ti nu leuwih, ti (saamparan) dunia. Guru hartina sumber pikeun sakumna manusa.

Aya jalan tindakan nu kudu dituturkeun ku anjeun, nu dipapandékeun jeung perhiasan mutiara, ogé mutiara nu moncorong. Nya éta wiwitan tina kaayaan suka jeung dukana, cilaka jeung salametna. Ieu écésna mah: hasil maksud, mikaweruh enya-enya, daék hanteu kapalang.

Maksudna: bwah (hasil) téh bumi nu suci, nalika disalametkeun, diturunkeun, ditaékkeun, dikotoran, dicampuran, hanteu tisusut hanteu pundung hanteu motah hanteu ingkah, sakeudeung jeung salawasna ngamalkeun kapratiwian (aturan kaduniawian). Enya kitu! Éta nu kudu diamalkeun ku nu ngabdi kana darma (hukum).

Paksa (maksud) téh nyaéta cai, alaeunana mah nalika bijil ti huluna. Karasa ngamalir hérang tur tiis. Jeungna hanteu kahalangan nepi ka sagara. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma (hukum).

Huning (pangaweruh) mah nyaéta angin, alaeunana mah, basa bijil ti kulon, karasa ngahiliwir tiis, leuleus nebak awak urang. Jeungna hanteu kahalangan, nalika bijil di alam dunia. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma.

Temen (enya-enya) téh nyaéta seuneu jeung ganggaman. Nya ti dinya nu matak dimangpaatkeun ku jalma réa, ku nu pikiranna soson-soson.

Daék (kahayang) mah nyaéta panon poé, nalika medal ti buana béh wétan, hanteu kahalangan, ku méga ku hujan, ku haseup jeung halimun, nepi ka (surup) di béh kulon, ku sabab kasadaran kana hiji lampah. Sakitu nu kudu diturut, ku nu ngabdi kana darma. Mangka jeung iyatna kana Sanghyang Pasangkanan (Ajaran Awal). Nya ieu nu disebut pañcawédani téh. Panca hartina watek lima, wé hartina cai, dani hartina sapu nyéré.


Kabeungharan Kecap
• 
ndeh ‘tah!’ (kecap panyeluk) = JwK
• 
nihan ‘ieu’ (kecap panuduh) = JwK
• 
sang hyang ‘suci’ saupama ditempatkeun saméméh kecap barang pikeun nuduhkeun yén éta barang téh suci, ump. – aditya ‘panonpoé suci’, - pasangkanan ‘ajaran wiwitan anu suci’, jst.
• 
sasana ‘ajaran, doktrin, sarana.’ Dina SSKK sanghyang sasana kreta ‘sarana pikeun karaharjaan’.
• 
maha tina Skt ‘badag, gedé, agung’
• 
puhun ‘awal, wiwitan, sumber.’ Band. Mal. Pohon. Di baduy pupuhu kaagamaan disebut puun. ngandung ogé harti séjén ‘emang (adi indung atawa bapa)’ dina teks Para Putera Rama jeung Rawana.
• 
kadyangga = kadi + anggan ‘minangka, lir ibarat’. JwK ‘id.’
• 
rat ‘manusa, jalma’
• 
upadyanta = upadéya –nta ‘jalan tindakan nu kudu dituturkeun –ku anjeun’ = JwK (Z 1337)
• manik ‘mutiara’
• 
kanarga tina kana (Skt kangkana) ‘perhiasan dina leungeun up. gelang, cingcin’ jeungarga ‘ajen, harga’ atawa ‘gunung’. Manik kanarga = perhiasan nu hargaan, perhiasan nu ajénan.
• sawéstra = tina sawé (JwK) ngalaya. manik sawéstra = manik nu ngalayah
• 
hala ‘cilaka, mamala’ = JwK
• 
hayu ‘salamet’, band. SdM rahayu ‘id.’ = JwK. dipahayu = dijieun jadi hayu = dijieun jadi salamet = ‘disalametkeun’
• 
byakta ‘écés, jéntré’ = JwK
• 
bwah ‘hasil’ = SdM & JwK buah
• 
paksa ‘tujuan, maksud, bisa ogé kahayang nu kuat’ = JwK. Dina SdM paksa, maksa ‘ngarahkeun (batur) pikeun migawé luyu jeung kahayang subjék’
• 
huning ‘mikanyaho, mikaweruh’. Band. SdM uninga.
• 
temen ‘enyaan, enya-enya’ = JwM.
• 
kalinganya = ka + ling +-an + -iya. ling ‘ucap’ = JwK, kalinganya = ‘maksud tina ucapan’
• 
pratiwi Skt ‘bumi’, sanghyang pratiwi ‘bumi nu suci’
• 
dicamahan = dijieun jadi camah = dijieun jadi rujit = ‘dirurujit’
• 
susut ‘labuh’ band. SdM tisusut
• 
geurah dina SdM ‘gumbira, suka bungah’, dina konteks kalimah jigana nuduhkeun harti ‘kaayaan motah’.
• 
bijah ‘motah, mijah’ dina SdM ngan dipikawanoh wangun rarangkén nasal mijah ‘id.’
• 
téka = ta + ika = nya éta = JwK
• 
bwar bor, dina SdM nu dipikawanoh kecap balobor. Jigana parobahan tina bor + ‘rajékan dwi purwa’ bobor + infiks -al- = balobor, mangrupa kecap panganteur pagawéan pikeun nu ngamalir, ump. cai, getih, késang, jst.
• 
geus ma ‘anggeus mah, jeungna’
• 
kawurungan = ka- + wurung + -an = ka + batal + an = kahalangan.
• 
teka = nepi ka. Ulah pahili jeung téka (tina ta + ika) ‘nyaéta’
• 
ri = di, ka (kecap pangantét) = JwK
• 
séwaka darma = sebutan pikeun nu ngabdi kana tugas (hukum)na di alam dunia.
• 
hir = SdM hiliwir. Kecap panganteur pikeun angin.
• 
medeng tina sedeng + n- ‘meujeuhna’
• 
apuy ‘seuneu’. SdM parupuyan jigana mangrupa obahan tina apuy+ pa-an -> paapuyan -> parupuyan.
• 
ganggaman ‘sanjata, pakarang’
• 
dipipakeunakeun = dipi – + pikeun + na + keun = ‘di(pigawé) pikeun’
• 
nu réya ‘jalma réa’
• 
geuing ‘kasadaran, pikiran’
• 
Sanghyang Aditya ‘panon poé’
• 
kukus ‘haseup, kabut’
• 
sanghub ‘halimun’ JwK
• 
mulah mwa ‘ulah hanteu, kudu’
• 
iyatna-yatna ‘merhatikeun enya-enya’
• 
sanghyang pasangkanan ‘ajaran wiwitan, ajaran awal’
• 
pañcawédani ‘lima jalan pikeun mersihkeun jiwa’
• 
wé ‘cai’ = JwK
• 
dani ‘jadi caang, lénglang, béngras’ = JwK. Dina téks mah dipapandékeun jeung sapu nyéré, nu sapopoé dipaké alat pikeun mersihkeun runtah.

Kat:
Band = Bandingkeun, id. = idem, JwK = Jawa Kuna, JwM = Jawa Modéren, Mal = Malayu, SdM = Sunda Modéren, Skt = Sangskreta



Sunday, October 03, 2010

Kawih Panyaraman Sewakadarma

Sumber : YAYASAN PANGERAN SUMEDANG

Ieu kawih panyaraman
Pikawiheun ubar keueung
Ngarana pangwereg darma
Hawakaneun sang sisya
Nu huning sewakadarma

Anaking mulah mo yat-yatna
Reungeu sabda sang pandita
Ingetkeun hayuwa lali
Teher nging ngenak-ngenak rasa
Ngarana ngapakeun tali

Ingetkeun na dasa sila
Iseueuskeun na panca sakit
Iyan ta ningkahkeun raga
Mayahkeun sarira
Ngalekaskeun suku tangan

Suku milang awak urang
Lamun salah lengkah
Eta matak urang papa
Leungeun lamun salah cokot
Eta matak urang papa
Ceuli lamu salah denge
Eta matak urang papa
Panon lamun salah jeueung
Eta matak urang papa
Irung lamun salah ambeu
Eta matak urang papa
Sungut lamun salah hakan salah inum
Manguni salah nu sabda
Lamun sabda teutuhu
Lamun lain sabda jati
Lamuna hamo rahayu
Lamun tiis bawana
Eta nu disalahkeun
Nu maka papa kalesa
Sanyarah na angen-angen

Sapamilang pengeusi raga
Nu dipiawak sarira
Eta nu matakak malalat
Eta nu ngindit ngarampid
Nu maanan kana kawah

Lamun salah di kreti
Hala hedap hala tineung
Hiri dengki kasakalih
Makeya neluh ngaracun
Ngagunaan mijaheutan
Sakara ning hedap dusta
Mati-mating na wong sadu
Ja barya hanteu dosa
Sinengguh inyana dusta
……..
Utun anaking sumangir
Mulah mo yatna-yatna
Anaking sewa sogata
Ayeuna datang ka mangsa
Ketepi ma sandi pati
Datang ka salaka hurip
Kajeueung kingkila
Anggeus awas na kapramanaan
Kadenge antag-antagan
Kingkila buyut dek mangkat
Nu dek ninggalkeun kahanan.

Dora sanggeus dibukakeun
Jalan anggeus dicaangan
Mulah sawah geuning bijil
Sora dora larangan
Samecat sanghyang atma
Sadeuri sanghyang hurip
Lungga sanghyang premana
Moksah aci wisesa
Maka ti sarira
Anggeus di ranti kurungan
Lunyay betan demas pindah
Betan kunang-kunang leumpang
Kadi kuwung-kuwung metu
Betan panah ka luhur
Betan sekar pamujaan
Betan katumbiri jadi
Kadi bulan ngagantaran
Betan panonpoe sabijilna

Hanteu nu diheureuyanan
Na msuh anggeus kalalar
Kaliwat reya nu kawah
Anggeus kaleumpangan
Kapungkur batu kacakup
Sang Yama tesa sumembah
Nyeueung atma ngalalar
Katon sakti di nyimbah wasa dora
Kala magahan jalan kana kasorgaan

Tuluy nyorang beunang nyayu
Tajur pinang
Kumara sinar hanjuang
Sasipat mata handeuleum
Salaput beuheung tatali kayu widuri
Manyara deung kembang bulan
Wera tumpang wera lancer
Kembang soka kapuracata
Kembang tere rane
Jahe singungu hanoja
Dilem padma putih
Mendadaki kembang susun
Kembang menur kembang bunga pala
Dara puspa kembang puspa gading
Malati kembang huru kajut
Kembang dongdoman
Kembang teleng bunga hireng
Kasumba deung kapuracata
Deung kembang jaman katilu
Ki saruni keling kembang cina janaraya

Geura salin papakeyan
Panganggo yeuh boeh rampes
Ragala boeh larang
Disasarah pipinggir taluki renggi
Rawito waya sinbur sinyaja
Disebutkan jamar tali katela
Dikeris rusa malela

Beuteung reueus ku sakitu
Bogoh ku nyeuseupan inya
Nyeuseup sarining kembang
Udana bangbara tunggul
Seyahna bangbara kumbang
Paktisori jaga ma di dewa
Engang deung tiwwan
Sireupeun deung teuweul kaak
Seyahna ku sorana
Sada haja-haja nu becet

Kapisarengseng kapicengceng
Kapiroel kapigimba
Kapicengcang kapibarung indung singgul
Larina karasana
Kasidi sabwana magawa hayu
Sedahan marepehan ti kayanangan

Lamun barta di tihang beusi
Ditelar ku purasani
Dipamikulan ku malela
Dilayeusan teja putih
Diwilahan tambaha sukla
Dihateupan ku salaka
Dituruban ku pirak kapas

Dililinggaan ku manik
Diukir ditiru kembang
Mitumpang meru kacana
Diukir dinanangankeun
Kaluhur naga palayu
Kateyoh naga puranteng
Ditengah naga patengteng
Merak ngigel dipuncakna
Eunteup gawa until saka
Dipiwastan demas kolot
Disareyan ku panamar
Dijeujeutan demas ngora
Ditatapkan cundiga
Dibalay kadi kapintas
Dipipinggir rustalisan

Anggeus uga kalambar
Diuk dipalangka demas
Saraga beunang ngalukis
Dikasuran kamogiti
Dikasangan boeh larang
Kulambuna lungsir keling

Nanggapan sada canang
Sada gangsa tumpang kembang
Sada kumbang tarawangsa ngeuik
Sada titilaring bumi
Sada tatabeuhan jawa
Sada gobeng direksa calintuh di anjung
Sada handaru kacapi langa
Sada keruk sagung

Beuteung bogoh ku sakitu
Tapak sapu beres keneh
Barentik marat nimurkeun
Manah pupus ku tikukur
Manah saar ku titiran
Maryagat ku tapak jalak
Dyawuran kembang ungra
Misanak jati rupa
Kalumbi lungsi dewangga
Beunang nyulam ku haremas

Anggeus salin papakeyan
Rampes beunang babasahan
Titip linyih huis damis
Dadar lesang
Haji pantes listuhayu
Mahardika ngalagena
Durgahena maragancayan

Anggeus mulih jati rupa
Muliya teja madilah
Kaminyar teu kapademan
Sakitu eta byaktana
Nu tuhu mangun hayu
Laksana miguna tapa
Nuturkeun saur nu tuhu
Mapay sabda nu bisa
Kena tutur kawastwanana

Tembey datangna prabeda
Nu ngagogoda bancana
Datang pwah wedadara
Deungeun pwah widadari

Anaking sanghyang atma
Ulah tadi teuing eureun
Sugan aya kamalinaan
Sugan kabawa jeueung
Sugan kabawa ku denge
Tutur tutur aja lali
Inget-inget haywa lupa
Kena ku panyasarkeun
Sanembal sanghyang atma

Samapun teuteuleu amat
Da ing can lamuning daek
Ja nyaho inya naraka
Ja ngagawa tresna keneh

Nu nyarek henteu didenge
Nu migi teu dipitineung
Tonggoy kana pilaloan
Mo lipi dina husireun
Mawa na tineung sorangan
Malikan katumbiri
Malikan katumbiri
Tuluy kana kuwung-kuwung
Nyaleket di panonpoe
Naglalar ka teja mentrang
Nojerkeun batu pratiwi
Ngarapet taraje demas

Datang ka wekasina sabda kasuniya
Lawan taya heuleut
Beurang lawan wengi
Datang ka bwah tingkah
Eta kasorgaan
Jawawuwa tingkah papa sangsaraan
Liwat sadu undak ti inya
Datang kana manarawang
Katenjo para dewata
Gunung Kendan Medang Menir
Palungguhan para batara.

Di timur Batara Isora
Kahyangan pirak putih
Tihangna perak di ukir
Bahana pirak sagala
Dihateupan pirak cina
Dituruban ku pirak
Dililinggaan ku manik
Disareyan pirak malaka
Didingding ku pirak keling.

Imah manik dikarancang
Warnanan ukir-ukiran
Direka ditiru kembang
Kahanan Hyang Isora
Husireun nu ngawerati
Dinya kasorgaanana

Ti kaler Batara Wisnu
Kahyangan miru hireng
Tihangna beusi diukir
Bahana beusi sagala
Dihateupan beusi cina
Disarean ku malela
Didingdingan ku beusi kuning
Lilinggana beusi panamar
Diukir bahana manik dikaranycang
Warnana ukir-ukiran
Diukir ditiru kembang
Kahanan Batara Wisnu
Husireun nu rampes twah
Dinya kasorgaanana
….
Anaking sanghyang atma
Manah cunduk mo dyajak
Manah mo di undang
Nu tuhur teher laksana

Teher herang tineung
Manah cunduk kana panuhun
Manah datang kana tangkal
Manah nepi kana jati
Manah deukeut kana anggeus
Datang ka ambu ka ayah

Suka tanpa balik duka
Wareg tanpa balik lapar
Hurup tanpa balik pati
Sorga tanpa balik papa
Hayu tanpa balik hala
Nohan tanpa balig wogan
Moksa leupas tanpa balik wulan

Twatwag ka jati niskala
Luput ti para dewata
Leupas ti sanghyang
Tan hana kara
Lenyep anyara cintya
Kena rampes tanpa denge
Kena suwung tanpa wastu
Ka nu lengis tanpa kahanan
Deung alitan
Hanteu pati dipiganal
Hanteu kasampak di luput
Hanteu pabaur
Hanteu dingeunah dicandu teka
Hanteu barayana hanteu deungeun
Sarwa tunggal wisesa

Nu maca inya
Ulah dipipanaswasan
Reungeukeun teher rasakeun
Picarek teher turutan pun

Atma milang sinurat ring merega
Paying beunang numpi
Di Gunung Kumbang pun
Barur Ni Teja Putu Bancana
Tilas sandi ti Jenggi
Pangwedar beunang buyut Ni Darwit pun

Sangakwakwana mahala ka ing
Lempurang dening sasaur
Uraceuk loter
Kadinya lacakeun yuyu cina

Carita bisi kurang wuhana
Leuwih longana

Lamun batri sasanga mancal luhur ma
Ya tanpa milih tan sinungan pun

Sambat aing nama Siwaya
Da ngemis gamut wirahana pati
Pantang panting sarasoti
Nanu hamas haba jaja pun