Friday, August 22, 2008

Patekadan Kang Kanjeng Siti Jenar

(Meunang Nyutat ti Blog dulur six4sep.multiply.com)

PANGKUR-PANGKURANG-KURANGNA RASA

I.

Barabat pada disada,
Hening jati tigin sirotol mustaqim,
Pada boga undak usuk,
Parangkat luhur handapan,
Pangluhurna mah tepi ka hakkan hakkun,
Patekadan Lemah Abang,
Dihukum ku alam biwir.

Jadi pamuntangan sara
Ulah muka rasiah rabul alamin
Meletik bijil ti sungut
tangtuna di hukuman
bongan salah jeung sungut batur batur
di nagara pakalaman
nungtik pakalaman deui

II.

WAHDAT AL WUJUD(MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA GUSTI)

Wahdatul Wujud di Indonesiakeun jadi kesatuan eksistensial (numutkeun Nurcholis Madjid). Di jawa mah dijelaskeun ku kecap manunggaling kawula gusti, tapi di sunda kampung mah istilahna teh (leuwih merenah jeung leuwih nunjukeun kana hasil) nyaeta: Gulung na abdi jeung gusti nepi ka ngagalunggung.

Sabenerna keur di sunda mah, ieu penjelasan wahdatul wujud ku kecap manunggaling kawula gusti -nu (ditambahan) sing nepi ka ngagalunggung- teh ‘mere arahan’ kana kumaha sabenerna ahlak jelema dina tohid (tauhid).

Manunggaling kaula (abdi) gusti –mimitina kudu aya dua (alam midua) nyatana aya abdi aya gusti.

Jadina teh...

Alus gusti sabab abdina alus, goreng gusti sabab abdina ge goreng.
Alus abdi sabab gustina alus, goreng abdi sabab goreng gustina.

Pan cenah ge kalahutan bijil lamun kanasutan na enya. Lahut ngaridoan mere hidayah berkah jeung rohmat sabab nasutna aslamtu. Lahut kejem ngantep ngahukuman sabab nasutna nolak nambalang (kafir).

Pan cenah ge loba kapanggih abdi rujit sabab salah muhit nu jadi gustina. Loba nu ngajadikeun hawa nafsu jadi (ilah) gustina.

Matakna....

Kudu hurip gusti waras abdi. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak sabobot sapihanean.

Kudu daek jadi abdi meh loba gusti keur maneh,... tong embung jadi gusti ngeunah jadi lawang kahadean lamun loba abdi nu butuheun..

Pek pambrih pek nuhun lamun perlu; Pek bere pek cekel lamun boga (tingal dongeng Sang Sulaeman dina qur’an)

Lain kitu gawena kahadean?

TAPI,

TONG NGAKU gusti bisi keur teu kaseundeuhan (kawas nu ngaku turunan menak (lain menak)...ari hirup walurat) ...nu cilaka diera-era mah maneh....

TONG NGAKU ngaku abdi agul boga gusti.... bisi keur teu diaku (pamenta keur teu dikabul)...nu era belehem mah maneh...dinaha- naha.

Sing boga tata titi duduga peryoga; migawe haphap ngendag-ngendag memeh luncat nuturkeun alam batur, tulaten nurutan sireum tarapti kawas titinggi meh seukeut duduga miyuni gagak dina nempatkeun kaabdian kagustian. Ulah melengkung bekas nyalahan sarosopan teu pantes mernahna.

...nu era cilaka mah maneh keneh maneh keneh....da maneh nu nandangan.

III.

Urang buka saeutik lalangsena, .....

Lamun urang ningal dina basa sapopoe. Kecap abdi dipake dina alam tata alam semu, pihak “abdi” nempatkeun sahandapeun (jauh-anggang ti) pihak ka dua nu dianggap ‘gusti’ na. Gawe kitu sabab:

• Pihak ka hiji ku ngaku nempatkeun jadi ‘abdi’ teh ngarepkeun /boga pamrih ‘kagustian’ bijil ti pihak ka dua.

Ari kagustian nyatana gambaran /’manifestasi’/perwujudan Asmaul Husna nu rupa rupa-kayaning ngabulkeun pamenta, berehan, nganteur kahayang, tempat nyalindung, tempat kanyaho,.. jrrd.

Ari kaabdian kudu sabar, kudu daek menta, teu guminter, kudu tawakal (nyanggakeun kumaha gusti),..tungtungna ning sok ngaromong sadaya-daya. Shalatna (do’ana/pamenta na) ge sok disarebut sembahyang.. .nyembah ka hyang... da rumasa jadi abdi ( tingal –“shalat kami aya 4”). Migawe sabab geus kuduna kitu/ sabab sieun/sabab era/sabab asa katitah ku gusti nu salilana moncongok bae.

Ari ka abdian kudu handap asor, nyarita kudu lemes, jrrd..jrrd. Ari ka gustian cenah kudu balabah, berehan, murah congcot hambur bacot, jrrd..jrrd. Lamun manggih abdi teu boga adeuh sok tara dekeut jeung gusti. Mun gusti kored keked moal loba aya abdi nu deukeut jst..jst..jst.

(Undak usuk basa lemes kasar nu lengkep pakeun mernahkeun maneh dina ‘komunikasi’ ku, misalna, basa lemes heula ka nu anyar pinanggih/nyaluyuke un jeung alam nu diajak komunikasi di sunda sabenerna cara maju- ‘highly civilised’ hiji budaya)

Nu parerceka tarapis dina ngolah nempatkeun budi basa rasa rumasa... loba meunangna. ..lamun ka jelema urang handap asor (jadi abdi)...sok kaluar ti manehna (lawan komunikasi) teh kagustianana. .. Meureun resep meureun ngeunah meureun betah loba nu mere maweh disebut jelema bageur pikanyaaheun batur.... tah kagustian batur bijil keur maneh ari maneh bisa jadi abdi.

Kitu oge sabalikna... .

Tong nolak mun aya abdi sumolondo... sabab karek mun aya abdi.... ka gustian bijil ti maneh...tungtungna pada ngamulya-mulya kunu ngarasa kahutangan kunu ngarasa meunang kahadean ti kagustian maneh.

Ka handap asoran... oge dipake ‘nguji’ kawas haphap...ieu jelema nu disangharepan jalma perceka nu kawaris sifat kagustian atawa henteu?...sabab di handap asoran teh aya ge nu jadi mancangah... cirining. .jelema teu baleg teu kawaris kagustian..

..beuki handap urang..lamun itu (batur) teu bisa ngahandapan. ..cirining rek robah laku.... itu eleh duduga urang jadi gustina itu nu ngaabdi-abdi. .pek bae cobaan mun cacarita jeung menak...teu percaya mah. (menak ayeuna mah leuwih dimaksudkeun kana diantarana ‘educated’ luhung elmuna ‘wise’ jembar panalar ‘leader’ lulugu/ kokolot /pananyaan panannggeuhan umat- nu boga gelar raden ayeuna mah saukur nu pastina turunan menak-jadi henteuna menak mah wallahu alam)

Tapi, Mun teu bisa teu tapis .... loba menak (gusti) kaperdaya ku pamuji abdi (feodal) jadi mere tapi awuntah ...loba somah (abdi) heurin ku letah teu wasa sieun teu nyaho basa...saukur bisa kumaha anu dibendo (nu jadi gustina).

Dasar hirup di alam pamrihan.... nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.

IV.

Pek pecakan ka Rabb Gusti nu murbeng alam...Sarua. ....

Ku nempatkeun ‘ka abdian’ teh ngarepkeun ka gustian ti nu dipenta, pan dipapatahan ku Qur’an:

Ari ngadu’a (menta neneda) keur abdi mah tarik teuing ulah laun teuing ulah..pan cenah ngadu’a teh kudu sineger tengah sorana ari ka Gusti (rabb) mah;

Kudu daek menta/ngadu’a ..ulah api lain..pan cenah Rabb teh teu resepeun ka (abdi) nu tara ngadu’a/menta;

Kudu narima dina kalaipan/dina katunaan/dina kakurangan/dina kasalahan (pek tengetan du’a du’a nu diawalan ku Rabb). ... eta teh ameh bijil gustina sabab nu datang abdina nu boga rasa rumasa.

Ari ka gusti kudu sabar bae jeung tetep kudu menta (do’a/shalat) bae pan cenah ceuk qur’an “menta tulung ka kami ku sabar jeung shalat” (kajeun can dibere kudu tetep menta) da wayahna jadi abdi nunggu-nunggu di kabul gusti.

Jeung ,....

Ceuk qur’an ge cenah kudu jejem yakin arek dikabul pamenta. ...Lamun henteu? he..he..he.. kumaha deui? rek menta deui ka salian ti gusti?.... euweuh...euweuh deui nu bisa iwal ti gusti...pan maneh mah abdi.

Jst..jst...jst. .

Tah..hirup di alam pamrihan... nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.
KUMAHA SUPAYA GULUNG ?

Naha kudu gulung?

Alam abdi-gusti mah alam anggang...sadeukeut na ge ka gusti...para abdi mah teu bisa deukeut sabab beda pangkat beda kabiasaanana. Tara gusti satata jeung abdi..sabab lamun satata leungit kagustianana.

Hayang deukeut mah nya gusti jeung gusti deui....abdi jeung abdi deui. ngan lamun abdi-jeung abdi, gusti jeung gusti. Leungit kagustian leungit ka abdian...pan basa nage jeung sasama mah pa dewek-dewek pa aing aing. Ngan kade mun keur aya abdi ulah gusti padewek dewek pa aing aing meureun abdi bisa ngunghak? Sabalikna mun keur aya gusti abdi tong sambewara... bisi tideuha.. naha bet aya abdi cumantaka?

Alam abdi-gusti mah alam tata alam semu....tara dicaritakeun sajalantrahna. .. Strategy jeung kaayaan presiden (gusti) tara dijelaskeun kabeh ka sakabeh rakyat (abdi).... cenah ge kapaksa kudu ‘white lie’ sabab mun dicaritakeun sajalantrahna mah bisi kuciwa...bisi putus asa...bisi CAN BISA NARIMA..bisi mancangah ..jrrd.

Pan kongas dina agama oge...loba nu disumputkeun ..saur Gusti teh dina qur’an...”nu nyaho eta mah ngan saukur kami jeung nu dikersakeun ku kami..maraneh mah para abdi moal..moal kabeh nyaho (nu saenyana) aya ge ngan saukur nyangka”....ari nyangka tara pas ka enya...malah, saur gusti dina qur’an, nyangka ngeunaan gusti mah pagawean abdi nu ditundung (setan)”.

Hayang nyaho nu saenyana mah kudu pindah ka alam gusti jeung alam nu daralit (qarib/qurbah) sabab kapeto kapilih dikersakeun ku gusti.

V.

Kumaha carana?

Kudu daek saalam sakabeuki jeung gusti. Engke nyaho kumaha ari gusti sapopoena usik malikna.

Didieu para ulama mere tuduh, dumasar beja ti gusti dina qur’an, yen gusti Allah teh boga sifat 20 siki.

Aya (wujud), mimiti (qidam), langgeng (baqa), nangtung sorangan (qiyamuhu binafsihi - tingali “lingga kabuyutan jeung sirotol mustaqim/nangtung sorangan”), beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis), wahdaniat (gulung).

Cik atuh lalanyah diajar kawas kitu....

Pan saur Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge... “akhlak maneh sing kawas akhlak Allah”

Bisa wanoh kanu 6 diluhur teh kudu bisa wani daek nyaho jeung hirup (keneh). Maneh nu nandangan (nu daek nu wani nu bisa nu nyaho nu hirupna).

Hirup (hayat) jeung (hayan) nu hirupna, Bisa (qudrat) jeung (qadiran) nu bisana, Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna, nyaho (ilmu) jeung (aliman) nu nyahona....atuh kudu sagala ku sorangan di sorangan lain euceuk lain cenah.

Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) nu ngucapna tapi teu make sungut.... atuh diajar nyarita teu ku sungut
Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina tapi teu make mata.... atuh diajar ningali teu kumata
Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge tapi teu make ceuli... atuh diajar ngadenge teu ku ceuli

Teori na mah loba tinggal leukeun daraek diajarna...diantara na aya nu boga pamanggih:

cenah, kudu asup tareqat..tong sareat wae.... (kade loba nu ‘kabodokeun’ ku guruna, kasiksa/kapager ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/ sareat jeung golongan/aliran, komo kana tareqat nu sok ninggalkeun sareat),...

cenah, kudu ngaliwatan tobat, zuhud, wara, faqir, sabar, tawakal rido ikhlas (kade ulah lieur ku metoda)... jrrd cenah pamanggih jelema.

..klise lamun dituluy keun.

Ari ceuk kami mah:

Prak teangan Ajarna ulama ahli waris nabi nu bisa ngajarkeun nyarita teu ku sungut, ningali teu ku mata, ngadenge teu kuceuli, hirup teu bari ngarenghap. Nungtun kawani kabisa kadaek jeung kanyaho nu aya di sorangan.

Tah engkena tara kaeuweuhan da aya wujud maujud tara neangan nu euweuh, langgeng baqa da mapay nu jadi mimiti maneh (qiyam) memeh awang-awang uwung-uwung, nangtung sorangan bi nafsih, beda jeung batur-batur nu anyar nu pandeuri (mukhalafah lil hawadis). Gulung gumulung...sagulung sagalang...meureun teu kudu kararagok..da jeung sobat dalit. Sab geus sakabeuki sakanyaho sakadaek sakabisa sakawani.

Tah engkena nu disebutkeun ku teori-teori katasawufan jadi sorangan.

VI.

Gulung dina Patekadan Lemah Abang

Lamun geus geus loma/dalit, euweuh gusti euweuh abdi babar sapisan jadi sobat (wali).

Tapi, dina tohid bisa na qurbah (qarib=dalit) nunggal ngahiji gulung teh ku modal islam (aslamtu sumerah) nepikeun ka jiwa ragana teu ngaboga boga nepikeun ka teu ku maneh maneh acan (da teu daya teu upaya).

Ayeuna lamun ka-maneh-an geus aya deui, tuluy bareng jeung batur batur, tuluy nyarita meletus bijil ti sungut, make basa maneh (sedengkeun lain gusti mah nyaritana ge teu make sungut? ari ieu bijil ti sungut), ceuk batur nu ningali mah maneh teh keur fana (rusak). Ari nu rusak euweuh nu pantes nurutkeun alam tata alam semu.

Meureun batur salembur leueleutikanna pada heran pada teu ngarti,... gorengna pada nyalahkeun,. ... ceuk batur teh naha ari aing henteu, boa si itu nurustunjung jelema gelo...nu kitu teu sarua jeung fiqh (asal kecap fiqh = pamahaman, tapi ahirna jadi hukum) batur-batur.

Ieu kajadian geus loba, di jawa mah kajantenan ka Syech Siti Jenar (SSJ)..

Aya cariosan SSJ nu kadugikeun kanu sejen (utusan) nu beda tingkat pamahamanna (beda alam) ngeunaan ageman - nyatana waktos para wali miwarangan ngulem SSJ, caritana nu katepikeun mah kieu:

----
Kahiji, waktos kaleresan SSJ nuju dina ‘kafanaan’, Utusan wali nepangan: “Kangjeng Syech,.... dipundut sumping ku Kangjeng Sunan... sun”
SSj: “Euweuh sitijenar mah, aya ge Allah”.

Dasar ka jalmi nu dipercaya luhung sanajan ucapan na’aheng’, nu dipiwarang teu wantun mindo catur teras wangsul deui pupulih ka para wali teu tiasa ngangkir SSJ margi nuju suwung nu aya ge ngangkenna Allah.

Para wali mah maphum teras we mindo (kaduana), miwarang utusan supados nu diulemna teh Allah, ngan kaleresan pas tepang teh SSJ tos dina ‘biasa’ deui.

”sun...dipiwarang ku Kangjeng Sunan supados ngulem Allah”.
..atuh waler SSJ teh: “tong ngangkir Allah ka kami da kami mah SJ”.

Atuh ki utusan mulih deui ka Para Wali wawartos yen teu tiasa ngulem Allah da nu kasampak mung SSJ.

Para wali, ahirna, mutus supados ngutus nu cekap ngilmina (sa alam) pakeun ngangkir SSJ. Sanggemna ieu utusan teh :

“Ieu kami... menta Sj Kalawan Allahna supaya hadir ayeuna keneh”.
Sakedet netra SSJ nu tos ras jlig... tos dugi ka riungan wali.

Ngan,.... nyebut Allah ka nu sejen ieu nu engkena jadi label ‘hukuman’ ka SSJ..., ti ieu beja nu nepi ka utusan teh, tuluy nyebar ka bala rea SSJ teh jalma nu ngaku Allah.

Naha sesebatan lain SSJ teh Lemah Abang?

Ari lemah hartina taneuh ari abang hartina beureum. Di sunda mah lamun aya jelema nu anyar paeh sok disebutkeun cirina taneuhna ge beureum keneh. “puguh ki anu the maotna kamari tuh taneuh na ge beureum keneh”. Taneuh beureum dibasakeun kana pajaratan anyar: Padahal teu kabeh taneuh beureum, siga nu dikuburna di lembang mah kajeun anyar ge teu beureum da taneuh na hideung.

Ari pajaratan anyar mah salian ti paesan (nisan) teh taneuh na ge melendung keneh...cirining can kabeh sirna...matak sok ditahlilan sok direwahkeun. .. can jadi paesan jati pisan da katambahan keneh sesa bangkarak.

Ari nu ngulik kasampurnaan mah kudu bisa paeh heula samemeh paeh ceuk batur/jamak (tingali-paeh samemeh paeh) sabab kongas aya ayat qur’an: “Jeung jalma jalma nu geus paeh, tuluy dihirupkeun deui, terus dibere sunda, nu ku Sunda (nur) eta maranehna bisa lumampah hirup diantara manusa, naha sarua jeung nu aya dinu poek mongkleng anu manehna henteu bisa kaluar tidinya (6:122)’.

Kajadian SSJ meletus cariosan kasaksi ku batur ngangken Allah, sabab masih keneh anyar (kafanaan keneh teu acan pulih) lumampah saatos ‘paeh samemeh paeh’ -sanajan tos kapasihan sunda (nur) ti nu murbeng alam benten jeung jalmi biasa. (tingali-panaekan warnaning tangtung).

(....Enya kitu??..pikiraneun )

VII.

Kumaha gulung supaya ngagalunggung? ?

Diulemna SSJ kana gempungan Wali Sanga mah, sabenerna, pakeun ngabahas kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina ajaran/pangwuruk SSJ) ngeunaan syariat agama – nu aya imbasna ka masarakat umum (malah nepi kana ranah politik –ki kebo kenanga, ki Ageng Pengging jrrd).

Tangtu geus pada nyaho yen pamanggih murid can tangtu bener ngawakilan (teu kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru sanajan loba oge murid nu leuwih pinter/jero/ bener pamanggihna ti guru. Tapi lamun muridna salah –migawe salah- guruna sok dipenta bantuanana/pamanggi hna/ ‘advisna’ pakeun ngomean muridna jeung ngomean ‘akibat’ tina kalakuan murid. Kasalahan murid lain kasalahan guru- iwal ti lamun memang kabukti guruna nitah murid supaya migawe salah. Ieu kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali.

SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug katutuh, ngajadi ‘bukti’ yen SSJ kenging ‘hukuman’ dugi ka pupusna. Aya nu nyebat ku para wali dihukum pati (diantawisna kadugikeun ku kang Mrachmatrawyani- haturan); Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira dina riungan wali – ‘Serat Siti Jenar” Bratasekawa) ;

Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) anjeuna pupus cilaka ku ‘polah’ nyalira. Matakna ieu dadaran, insya Allah, arek nepi kana kumaha supaya salamet gulung na abdi gusti teh jadi ngagalunggung.

Saacanna urang dongengkeun gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali:

Dina pamadegan yen sakabeh wujud jeung nu maujud dialam dunya teh teu aya deui iwal ti Allah. Laa maujuda ilallah laa wujudika ilallah...dicobi ku keris duhung (keris “Kantanaga” kagungan Sunan gunung jati) ..ku kangjeng sunan kalijaga.

Barang dicobi teh.... eta keris teu teurak...teu tiasa antel antel acan

(kawas ajian batara karang panta/level batu- tingal kaadaman + Batara karang).

---------
Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan dina tohid nepikeun ka ayeuna masih keneh aya.... jeung bakal terus dipake Sabab patekadan / kayakinan teh kudu kaharti karasa tur bukti.

Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid sok sarieun mun diajak ngukur kasampurnaan sabab sieun kabawa paeh. Nu kapikirna teu bisa baralik deui. Lebareun keneh ku kahirupan dunya.

Padahal cenah ceuk nu geus paeh samemeh paeh...he... he..he.. lamun paeh (nyawana) nu aya (nyesa) hirup mungkul usik malik pan kongas dina qur’an Allah nyanggem “nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup masih barang hakan barang pake ngan batur-batur teu apaleun” (tingali paeh samemeh paeh).
------------ -

urang tuluykeun deui:

“Enya...enyana mah tapi wujud (af’al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah lamun ditewek lumrahna kudu teurak....”
Nguping kitu..teras we eta keris teh nanceb...tapi teu bijil getih...biasa wae teu reg rog

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh- tingal kaadaman + Batara karang)

“... lumrahna wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah mun katewek bijil getih.”
Teras we tina salira SSJ bijil getih tapi bodas...

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh/cai (Jannah) - tingal kaadaman + Batara karang)

“.... lumrahna mun getih tina wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah... bijilna beureum”

Teras eta getih jadi beureum ngaberebey.. . bari salirana tetep seger tur teras sila.

(Tah ngawitan ti dieu SSJ katideresa ku polah nyalira “nyebut Allah kanu sejen...” rido nu maujudna jadi awak ‘jelema biasa’ nu getihna beureum...sanes wujud ‘manusa’ af’alna Allah..... bari nuju ditakonan ku si “kantanaga” nu maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui)

“Aeh...naha bet jadi kitu?
...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup tapi tuluy paeh.”
....Tuluy eta awak-awakan. ..teh ngagoler.

SSJ nyarios...”sok hayang ditembongkeun naon deui?”
Ditempas “... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita...”

Saharita...SSj. .nyarios kieu...”heug atuh kula moal deui cacarita... ninggalkeun ieu alam...ngan engke sing waspada bakal daratang munding bule....

bakal aya....
bakal aya ...

(nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan SSJ teh)

Saatos nyarios kitu badan SSJ sirna kagentos ku hiji tangkal nu seungit ngadalingding.

Naha bet kajadiana kitu?? Naon maksudna??
(Urang teraskeun upami pareng)

(dicatut tina seratan
Eddy Nugraha)

No comments:

Post a Comment