Friday, August 29, 2008

Patilasan Jaka Susuruh

(Disalin tina Pusaka Sunda, No. 1 Taun ka-1, Oktober 1922)

Panganteur
Saméméh jisim kuring nyarioskeun lalakonna Raja Jaka Susuruh, jisim kuring badé nyarioskeun heula asal-muasalna anu mawi tiasa nangénan yén di distrik Ciranjang, désa Sukarama kampung Cisere, aja patilasan jaman Pajajaran.

Dina taun 1919 jisim kuring dijadikeun Opzichter Irigasi di afdeeling Cianjur. Babakuna anu jadi gawé téh, nuhurkeun (nyaatkeun) tanah padataran Cihéa, supaya ulah réa teuing kasakit, da sadaya pada uninga yén Cihéa téh hawana awon enggon mudang.

Parantos sababaraha kali jisim kuring naronda turut-turut solokan Cihéa tepi ka Cisokan, tapi lebeng teu aya saurang urang acan anu nyarioskeun yén di dinya aya patilasan jaman Pajajaran. Kawasna ku orang dinya mah éta patilasan téh teu dipikaanéh, anu matak tara dipaké omong.

Dina taun 1920, kabeneran kuring kudu ngabersihan torowongan solokan Cihéa ti K.M.O., nepi ka K.M. 1.200. Di palebah K.M. 1.100 sabot keur ngaso, bari ngiuhan handapeun caringi, kuring ningal aya dua kuta. Barang ditanyakeun ka kuli-kuli nu harita ngarariung di dinya, saha nu nyieun éta kuta, naha irigasi, naha keur ngamimitian digawé nyieun jalan Sukarama, atawa kumaha. Ari jawabna geus ti baheula, irigasi mah ngan nyieun jalan rondaan baé wungkul dina lolongkrangna antara kuta jeung kuta deui.

Tuluy éta jelema nyarita, yén di dinya téh baheulana mah urut karajaan, malah éta ogé “Bénténg” téh nya patilasan baheula. Ari rajana jenenganana Jaka Susuruh, anu mawi éta tempat nelah nepi ka ayeuna Susuru.

Tapi barang disusul-susul éta jelema buntu kanyahona, ngan sakitu-kituna, ngan manéhna mere pituduh, yén kuring kudu naléngténg ka pantun, da ngan pantun anu pinyahoeun téh.

Di unggal pilemburan anu deukeut-deukeut ka dinya ku kuring ditatanyakeun sugan aya pantun anu nyaho lalakon Jaka Susuruh, tapi weléh teu mendak. Karéréaanana mah pantun-pantun téh teu nyarahoeun lalakon Jaka Susuru mah, aya anu dikira pitabaheun kana lalakon éta, geus maot, ku muriang manawi.

Méh tétér tina nanya ka ieu ka ieu téh tu aya nu terang, aya oge saurang-saurangeun pantun anu nyaho saeutik-eutikeun, tapi cangcaya, tina caritana henteu leunjeuran.

Kaleresan basa kuring lalajo Kongres java-Instituut taun 1921 di Bandung kénging bongbolong yén Kuncén Cipanas deukeut Cisambeng di Rajamandala kacida tabahna kana carita-carita pantun, sarta pibisaeun nyaritakeun lalakon Jaka Susuruh.

Kalawan pitulung juragan Camat Bojongpicung, kawadanaan Ciranjang, éta Kuncén Cisambeng disaur ka Kacamatan, disina nyaritakeun lalakon Jaka Susuruh téa.

Ari caritaanana anu kakuping ku jisim kuring harita; kieu :


Jaka Susuruh Raja Di Nagri Tanjung Singuru
Lalampahan Prabu Jaka Susuruh nu ngadamel karaton di Tanjung Singuru, anu ayeuna kasebut Bobojong Cisuru, di désa Sukarama onderdistrict Bojong Picung district Ciranjang afdeeling Cianjur.

Ieu urut nagara tempatna santosa pisan ti kidul ti kulon jeung kalér dikurilingan ku cai ngaranna walungan Cisokan, sarta ti kidulna ngadingding gunung, disebutna gunung Cibulé, ari ti wétanna dihalangan ku bénténg 5 lapis, sarta ka wétanna pisan ngadingding gunung Payung. Nurutkeun caritaan urang kampung Ciséro nu ayana dina suku éta gunung, éta gunung Payung téh sanget, malah sok dipaké pamujaan sato héwan nu aya di dinya.

Ieu urut Tanjung Singuru di handapna dipaké torowongan solokan irrigatie, nu ayeuna caina dipaké nyaian sawah sajumblahna aya + 8.000 bau, éta téh nu kakurung ku solokan irrigatie wungkul.

Ajeuna urang nyairoskeun bab galurna lalampahan Prabu Jaka Susuruh, putra Prabu Siliwangi Raja di nagri Pajajaran, nu ayeuna patilasanana aja di Bogor.


Bubukana
Sang Prabu Siliwangi ka 7 Raja di Pajajaran kagungan putra jenenganana Munding Mintra Kasiringan Wangi. Dina hiji mangsa magelaran di panca niti dideuheusan para Bopati, Patih, Mantri para Tumenggung. Sang Prabu Siliwangi ngadawuh ka sadayana Para Bopati, dawuhanana: “Kumaha hé para Bopati, Patih jeung Tumenggung, sa réh na kami kagungan putra pameget, nya ieu si ujang Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi, tacan kagungan garwa, tapi ku kami hayang dijenengkeun Bopati heula!” Piunjukna para Bopati sareng para Tumenggung ka Sang Prabu Siliwangi: “Éta mah sadaya-daya, henteu ngalalangkungan Kangjeng Gusti baé, menggah pijenengeunana putra Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi.” Sanggeusna sang Prabu Siliwangi ngadangu piunjukna para Bopati jeung Tumenggung kitu, lajeng ngadawuh deui: “Ari mungguh kahajang kami sarta nurutkeun Gambar Pakuan Pajadajaran, pinagaraeunana téh ayana di tatar Alasan Pasagi wétan, ngan pingaraneunana nagara kumaha engké baé buktina,”

Sanggeusna Kangjeng Raja Siliwangi ngadawuh kitu, terus putrana Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, disaur, sarta didawuhan kudu ngamplang ngumbara ka tatar Alasan Pasagi Wétan, néangan pinagaraeun, sarta diréncangan ku dua Tumenggung, nja éta Dipati Tumenggung Séwana Giri, jeung Dipati Tumenggung Séwana guru, sarta dipasihan jimat Makuta Siger Kancana jeung Gambar Pakuan Pajajaran atawa gambar Lawé Domas Kinasihan. Saparantosna sadia lajeng Munding Mintra Kasiringan Wangi jeung Tumenggung Séwana Giri Séwana Guru angkat tiluan. Barang nepi kana Leuweung ganggong si magonggong, Radén Munding Mintra sarta dua Tumenggung lirén di dinya, pok mariksa ka Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, kieu lahirna: “Hé, mang Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, boa-boa nya ieu pinagaraeun téh!” jawabna dua Tumenggung: “Sumuhun dawuh, émutan pun paman ogé kawas-kawas yaktos pisan ieu, pantes upami didamel nagara téh, margi palemahanana saé, tanah kalingkung ku gunung, bahé ngétan, nya nu kieu nu disebut Galudra ngupuk téh,” Tuluy Radén Munding Mintra neneda ka jimatna Makuta Siger Kancana, sarta neneda ka Déwa Batara Sanghiang Utipati. Dimakbul panedana, tuluy éta tanah dicipta, jleg jadi nagara, sarta maké bénténg 5 lapis, salapis bénténg beusi, salapis waja, parunggu, pérak, lapis nu pangjerona beusi purasani. Ti dinya neneda deui ka Déwa mundut pamuk 8.000, baladna 80.000, badégan sawidak lima nu purah ngurus di Karaton. Sanggeusna lengkep eusi karaton rawuh eusi nagara, tuluy Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi barempug jeung Tumenggung Séwana Giri, Séwana Guru, baris nangtukeun pingaraneunana éta nagara. Tapi dijawab ku Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri: “O, Radén, perkawis pingaraneunana ieu nagara, ulah ngaborongkeun rama baé, Gusti Prabu Siliwangi di Pakuan Pajajaran, langkung saé abdi baé utus ka Pajajaran ngadeuheus ka Gusti”. Nya tuluy Radén Munding Mintra ngarempugan. Ti dinya lajeng Tumenggung Séwana Guru angkat séja ngadeuheus ka kangjeng Prabu Siliwangi. Teu kacarios di jalanna, parantos sumping ka nagara, lajeng marek ka Kangjeng Prabu Siliwangi, sarta terus unjukan yén dipiwarang ku putrana nyuhunkeun pingaraneunana éta nagara, wiréh saniskanten parantos sayagi, henteu acan dingaranan.

Dawuhan Kangjeng Prabu Siliwangi: “Ari pingaraneunana éta nagara kudu Tanjung Singuru”. Ti dinya Tumenggung Séwana Guru amit mulang, parantos dongkap ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Munding Mintra Kasiringan Wangi: “Kumaha dawuhanana Gusti Prabu Siliwangi?” Tuluy diunjukkeun ku Tumenggung Séwana Guru, yén dawuhanana pingaraneun éta nagara téh kudu Tanjung Singuru, sarta raja kudu gentos jeneng, Prabu Jaka Susuruh”. Saur Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi: “O, atuh nuhun, yén ayeuna nagara geus aya angaranna, sarta kami digentos jenengan, ngan hanjakal baé acan boga pawarang. Ari ayeuna saha deui nu baris pibelaeun, kajabi ti mamang dipati, ayeuna diperih pati, kudu neangan Putri keur baris pawarang”. Saur Tumenggung Séwana Guru: “Mangga abdi ayeuna mendak wartos, aya mojang di nagara Bitung Wulung, putra Tumenggung Bitung wulung, Pangeran Jungjang Buana, jenenganana eta Putri nu hiji Sekar Jayanti, hiji deui Jayanti Kembang”. Saur Prabu Jaka Susuru: “O, atuh lamun kitu mah urang sakalian baé lamar, nyandak sakumaha adat biasa panglamar, keur ka Tumenggung Bitung wulung”. Ti dinya lajeng Patih angkat. Geus dongkap ka nagara Bitung wulung, kasondong Raja keur lenggah, tuluy Patih ngadeuheus, dipariksa ku Raja: “Ti mana sampéan, saha tuang kakasih jeung rék naon?” jawab Tumenggung Séwana Guru; “Numawi marek, ieu kuring téh Patih Tanjung Singuru, badé ngalamar, jadi utusan Ratu. Kumaha putra sampéan yaktos lagas kénéh? Upami lagas ayeuna disuhunkeun”. Saur Raja: “Bener kaula boga anak, tapi ku ieu ku ieu ogé dilamar teu dibikeun baé, ayeuna dipundut ku turunan Pakuan Pajajaran, Prabu Jaka Susuruh, ari cara kaula mah ngan sambung dunga, sarta ulah dilila-lila, sabab Putri geus sawawa”. Saur Patih; “Upami kitu nuhun, malah ayeuna oge bade dibantun sakalian, supaya dinten ieu kasanggakeun ka Prabu Jaka Susuruh”. Saur Raja Bitung wulung Jungjang Buwana: “Ih atuh ayeuna mah urang sakalian baé dianteurkeun ku kaula”. Ti dinya terus ararangkat, kocap geus sumping ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Prabu Jaka Susuruh hasil henteuna. Patih lajeng unjukan yén hasil, malah kabantun, sarta disarengan ku ramana, sarta tuluy ku ramana dipasrahkeun ka Prabu Jaka Susuruh, saurna: “Ajeuna mangga nyérénkeun, geus teu ngalalangkungan Prabu Jaka Susuruh”. Tidinya ramana Putri mah amit mulih ka nagarana di Bitung wulung.

Kacarios Prabu Jaka Susuruh, mundut kempelan sareng Dipati, para ponggawa sakabéh, badanten baris pésta réh parantos kagungan pawarang tacan dipéstakeun. Teu lami geus ger pésta ramé 7 poé 7 peuting.

Tunda sakedap lalakon Prabu Jaka Susuruh, kocapkeun aya hiji nagara, nagara Gunung Gumuruh, jenengan Rajana Badak Tamela Sukla Panarak Jaya. Éta Raja teu kagungan garwa, ngan kagungan sadérék istri hiji jenengan Ratna Kembang Tan Gumilang.

Raja keur linggih di Paseban, ngadangu anu pésta di nagri Tanjung Singuru, tuluy nyaur raina nyai Putri Ratna Kembang: “Njai di mana éta nu pésta téh?”

Jawab Putri: “Éta nu pésta téh, di nagri Tanjung Singuru, Rajana keur oléng-pangantén jeung Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang”.

Saur Raja: “ O, atuh éta mah mojang kantanan akang ti baheula, éta Putri Sekar Jayanti téh bébéné akang. Coba nyai dagoan heula, ayeuna ku akang rék diiwat”.

Jawab raina: “Akang ulah, sabab éta mah pawarang Raja, najan akang weduk ogé moal mampuh, tangtu urang cilaka”.

“Ah keun baé ku akang rék direbut, moal beunang dicaram, kapan akang boga kawah Domas; éta Prabu Jaka Susuro ku akang dék dilejokeun, ré dibobodo disebutkeun di kawah Domas aya inten gedéna sagedé énéng, sina dicarokot, sarta mun geus di jero kawah, pantona ku akang rék ditutup”.

Lajeng Raja Gunung Gumuruh angkat, geus sumping ka Tanjung Singuru, terus pamit neda eureun.

Katingali ku Raja Tanjung Singuru lajeng dipariksa: “Sampéan ti mana asal, sarta saha jenengan tara-tara ti sasari, kawas anu aja béja?”

Jawabna: “Leres akang téh Raja Gunung Gumuruh, nu mawi dongkap ka dieu, seja bakti nagri, nyanggakeun jelema, sareng inten buntet sagedé énéng, nu aya di kawah Domas: teu aya deui nu baris piiasaeun nyandak ngan rai, nu kagungan milik”.

Lajeng Raja Tanjung Singuru nyaur ka raina: “Kumaha Nyai éta urang ayeuna dibaktian nagri jeung intan, kumaha hadé

Jawab raina: “Entong raka, biheung teuing éta anu rék nganiaya ngagoda ngarancana ka urang, sareng ieu rai séjén raraosan, asa rék ngandeg”.

Tapi Patih Tumenggung Sewana Guru unjukan: “Moal saé nu bakti teu ditampi, ayeuna mah mangga baé urang angkat.”

Ti dinya lajeng arangkat Prabu Jaka Susuruh, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri sareng Raja Panarak Jaya. Teu kocap di jalanna, geus sumping ka kawah Domas. Barang sumping lajeng Prabu Jaka Susuruh, Tumenggung Sewana Guru sarenga Sewana Giri narempo kana éta kawah.

Teu tata pasini deui ku Raja Gunung Gumuruh, éta nu tiluan téh ngan dijejekan baé digebruskeun kana kawah Domas. Barang geus tigubrag tiluanana, tuluy pantona ditutup ku batu wulung ku éta Raja Gunung Gumuruh. Éta ménak nu tiluan di jero dasar kawah Domas, terus tatapa, lamina kénging 30 taun.

Ti dinya Raja Gunung Gumuruh teras angkat ka nagara Tanjung Singguru, maksudna rék ngandih nagri. Barang sumping lajeng dipariksa ku Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang: “Raka, Raja Gunung Gumuruh, naha di mana kénéh ari Prabu Tanjung Singuru?”

Jawabna: “Nyai ayeuna entong nanyakeun Prabu Jaka Susuruh, sabab ku akang enggeus di jerum, ayeuna mah carogé nyai téh nya akang pisan, sarta ieu nagara ku akan rék diandih.”

Jawab Putri: “Ah duka, sabab kuring mah moal pegat tuhu ka Prabu Jaka Susuruh!”

Keukeuh Putri dipaksa, teras éta Putri mabur, barang dongkap ka pileuweungan, bobotna geus jejeg 9 sasih, éta putri ngowo di tengah leuweung, putrana pameget sadaya, sarta dijenenganan éta murangkalih nu ti Sekar Jayanti Heulang-boengbang-legantara-lungguh-tapa-jaya-perang, ari nu ti Jayanti Kembang jenenganana Kebo Keremay Sakti Pangéran Giringsing Wayang. Éta murangkalih duwanana dirorok di pileuweungan, ageung di pileuweungan.

Barang geus yuswa 10 taun éta marurangkalih sareng ibuna teras ngungsi ka nagara Tanjung Sumbara. Ari anu kagungan nagara éta. Gajah Karumasakti; ari garwana dua, jenengan Purba Déwata, Tarna Déwata. Barang sumping éta marurangkalih sareng ibu-ibuna ka payuneun Raja Gajah Karumasakti, dibagéakeun: “Oh sukur nuhun bagéa sumping, ieu téh nu ti mana, sarta turunan saha?”

Jawab Putri; “Upami Raja percanten, ieu pun anak, turunan Kangjeng Prabu Siliwangi, putra Prabu Jaka Susuruh; ari kuring ibuna, nu mawi ka dieu seja nyuhunkeun tulung panggugahkeun Prabu Jaka Susuruh, nu aya di jero dasar kawah Domas, dijerum ku Raja Gunung Gumuruh”.

Dawuhan Raja: “O nyai, hadé ku akang ditulungan. Ayeuna éta nagri Tanjung Singuru urang jieun lantaran, supaya kauninga ku Raja Gunung Gumuruh, éta nagri urang huru”.

Jawab Putri: “Saé, nanging muga énggal digugahkeun heula nu aya di dasar kawah”.

Lajeng Raja Karumasakti angkat, barang sumping ka Tanjung Singuru, teras éta nagri dihuru, seuneu muntab-muntab saeusi nagri budal ngalér ngétan ngidul ngulon, nagara burak-barik.

Jawabna: “Ieu nagara kula” Ceuk Raja Gunung Gumuruh; “Nu kula”.

Paaku-aku, tungtungna ger perang éta Raja Gajah Karumasakti jeung Gunung Gumuruh, ramé gelut ngadu kasaktén; tungtungna Raja Gunung Gumuruh kadéséh perangna, nepi ka taluk ka Raja Gajah Karumasakti

Ti dinya Raja Gajah Kaumahsakti nyaur: “Ayeuna manéh taluk, tapi kudu geuwat ngagugahkeun Prabu Jaka Susuruh ti dasar kawah Domas”

Jawabna: “Mangga, tapi kedah sareng, sareng sampéan, urang ka kawah”.

Ti dinya lajeng arangkat, barang sumping kana kawah Domas, batu tutupna téa tuluy dijungkatkeun, béh kapendak éta nu tiluan téh, Prabu Jaka Susuruh, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri, lajeng digugahkeun dihanjatkeun.

Éta Raja Gunung Gumuruh nyanggakeun pertobat ka éta 3 ménak tina urut waktu tadi sakitu ngaya-ngayana ka éta Prabu Jaka Susuruh, sarta nagarana katut eusina dipasrahkeun rawuh sadérékna nu istri disanggakeun ka Prabu Jaka Susuruh, supaya didamel pawarang. Satuluyna nagara Gunung Gumuruh kaparéntah ku Prabu Jaka Susuruh.

Ti dinya lajeng Prabu Jaka Susuruh angkat sareng putri sadérékna Raja Gunung Gumuruh ngabujeng ka nagara Tanjung Sumbara. Jadi tetepna Raja Prabu Jaka Susuruh di nagara Tanjung Sumbara kagungan pawarang 3 putra 2 papatih 4 nya éta: 1. Tumenggung Séwana Guru 2. Tumenggung Séwana Giri 3. Tumenggung Gajah Karumasakti 4. Tumenggung Badak Tamela Sakti Panarak Jaya


Panalungtik
Saparantos jisim kuring terang lalakonna, nya ku jisim kuring kuta-kutana sareng Batujamban, nya éta anu baheulana tempat paranti siram urang karaton Tanjung Singuru téa, dipotrét. Malah Tuluy marios kaayaan urut karatonna, jalanna mapay-mapay jalan satapak, sasarengan sareng tuan Bakker guru ti Cianjur.

Tegal anu aya di tukangeun kuta bénténg téa, rada mayat, tapi di sababaraha tempat aya anu néplak datar. Tatangkalan anu galedé méh teu aya, manawi ditaluaran ku urang dinya. Di dinya kajabi ti kuburan kuli-kuli anu maraot basa keur nyieun torowongan solokan, kuring mendak kuburan baheula, anu nyangirahna henteu nurutkeun aturan islam, sareng leuwih paranjang batan astana séjén. Tapi ari batu-batu atawa témbokan mah anu pantes jadi ciri patilasan karaton henteu aya; ngan harita kuring mendak lulumpang batu alit sareng lakina (haluna) lonyod.

Saé pisan upami lolongkrang antawis kuta sareng kuta téa anu kapungkurna mah tangtos langkun jero, dikali; malahmandar mendak urut-urut baheula anu jadi katrangan anu leuwih tétéla kana ngadegna éta karaton.

Margi tangtos pisan baheula upami Tanjung Singuru aya anu ngarugrug, kuta bénténg téh dijagi ku soldadu, nya di dinya deui ngalawanna musuh téh, sareng moal boa réa anu maraot marawa pakarang. Upami tiasa mendakan pakarang-pakarangna tangtos kénging dianggo saksi geusan nangtoskeun jaman-jamanna ayana éta Karaton Tanjung Singuru.

Palemahanana ieu karaton alus pisan, ngongkang ka walungan Cisokan, anu baheulana mah tangtos pisan langkung lega, tur dipungkur diliungan ku gunung, gunung Cibulé sareng Kiara Payung, taya petana beunang direbut ku musuh, moal bisa éléh ku atah-atah. Anu ngarurug, nu rék ngajabel karaton, kurang-kurang togahana mah kawasna, moal baé kana bisa meunang téh.

Di peuntaseun Cisokan ogé Beulah katuhu, caket kampung Cibulé, aya deui kuta bénténg, dua.

Di Gunung Kiara Payung dugi ka ayeuna aya kénéh hiji tangkal kiara anu puncakna ngarandakah sapertos payung. Di dinya aya pajaratan, numutkeun carios urang dinya sanget, malah sok dianggo pamujaan ku sato héwan leuweung dina unggal sasih Mulud.

Ari urut alun-aluna anu nelah di sebat alun-alun “Séwu Cengkal”, datar neplak pisan, sakurilingna tegal baé, pernahna kacida saéna, pikabetaheun.

Numutkeun babad sareng Serat Kanda Majapahit tingali Pararaton (Kén Arok) anu dikaluarkeun ku Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, jilid LXII citakan ka 2 kénging Dr. N.J. Krom kaca 110,111,203,216,217,218 sareng 223. Jaka Susuruh , anu mimiti ngadegkeun karajaan Majapahit, sarta nya anjeunna anu mimiti jumeneng raja kakasihna Raja Brawijaya ka Hiji ngeréh Jawa Kulon sareng Jawa Wétan.

Upami diparios ku Oudheidkundige Dienst tangtos bakal seuseur deui kaanehanana.

Rd. W i j a y a / Jaka Susuruh ( Dididik oleh oleh Erlangga sebagai wali nagara ) /

Rakeyan Banyak Citra ( Batu Raden Purwokerto ) /

Hibarbuana Tajimalela ( Misi Mendirikan Sumedanglarang ) /

Prabu Wijaya Kusumah ( Gelar Tertinggi dlm. Ketatanegaraan Pajajaran Nagara / Jawa Dwipa )/

Kartarajasa Nagara

( Raja Majapahit I th. 1293-1309 ) /
Raja Medang Kemulan di Jawa Pawatan ( Hujung Galuh ) /

Raja Agung Sumedang Larang

Retrieved from "http://wikisource.org/wiki/Patilasan_Jaka_Susuru"

Friday, August 22, 2008

Pikukuh Hirup Urang Kanekes

(Meunang Nyutat ti Blog dulur six4sep.multiply.com)

Dihandap ieu kahaturkeun versi anu leuwih kumplit ngeunaan "Pikukuh Hirup rang Kanekes" sakumaha potonganan anu diposting ku Ambu. Ieu catetan meunang ngahaj nuliskeun deui nalika si kuring lunta ka wewengkon Kanekes taun 1997, dumasar pinutur sekretaris Jaro Daenah, jaro di Kp. Kadu Ketug anu minangka gapura asup ka wewengkon Tangtu, Kanekes.

Ieu catetan kungsi dipaparinkeun ka Teh Eli Julia samemeh anjeunna angkat nganjang ka Kanekes. Ku anjeunna laju ieu cateta diposting ka milist atangga (teu sawios Teh Eli, teu disebatkeun sumberna oge, rido da keur alarea ieuh):

1. Garapan (cecekelan) hirup urang Kanékés anu dipigawe jeung kudu dilaksanakeun sapopoe, nyaeta pondok teu meunang disambung, lojor teu meunang dipotong. Ari kahirupan Urang Baduy teh titipan ti Adam Tunggal anu disebut Wiwitan. Nyaeta, saluruh bangsa, agama jeung nagara. Ari wiwitanna nyaeta ti nagara puluh tilu pencar salawe nagara, kawan sawidak lima (genep puluh lima). Eta the anu disebut eusi tina jumlah lima puluh dalapan nagara, anu masing-masing boga buyut, boga pantang, boga ulah, jeung boga pamali.

Nagara pikahareupeun mah, bahan diwangun jeung bahan dirobah kudu jadi kamajuan. Ngan ari wiwitan mah anu aya di Baduy, teu meunang dileungitkeun jeung teu meunang dirobah, kudu angger sarua jeung garapan hirupna. Anu jadi sabab, geus aya ti luhurna, nyaeta basa Adam Tunggal ngumpulkeun sakabeh pananggungjawab alam dunya, pikeun nyaksian dijieunna Rukun Larapan Dua Welas, anu bakal ngeusian alam dunya. Ngan garapan ieu teu meunang dijadikeun hiji sabab bisi ngaganggu kana pangwangunan nagara.

2. Wiwitan anu dijadikeun garapan hirup sanajan ditawarkeun ka sakabeh Rukun Garapan Dua Welas, bakal loba anu teu sanggupeun. Tapi, kudu aya anu sanggup nyekel, nyaeta pikeun neguhkeun jeung ngageuingkeun anu aya ti Sabang nepi ka Merauke. Ari wiwitan anu diteguhkeun the nyaeta lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung tea bari ngalaksanakeun

* - Mipit kudu amit
* - Ngala kudu menta
* - Ngagedag kudu bewara
* - Ngali cikur kudu matur
* - Ulah gorah, ulah linyok (bohong)
* - Ngadek kudu sacekna (nu enya kudu dienyakeun, nu ulah kudu diulahkeun)
* - Ulah sirik, ulah pidik
* - Ulah ngarusak bangsa jeung nagara
* - Gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang diruksak.

3. Urang Baduy boga kasanggupan ngadeugkeu, ngageuingkeun, jeung neguhkeun titipan ti wiwitan anu diparentah ku Adam Tunggal. Sanajan kitu, kudu dibantu oge ku anu neguhkeun, anu matuhkeun, jeung anu ngawangun nagara, nyaeta Pamarentah.

4. Sawelas ti Rukun Garapan Dua Welas aya kasanggupan ngabantu neguhkeun jeung matuhkeun wiwitan. Satungtung wiwitan masih keneh diurus ku manusa, makhluk anu sejen mah (saperti siluman/sileman/ghaib) ulah ngabantuan, sanajan maranehna hayangeun jeung mampu.

Manusa anu rame-rame ngabantuan sakamampuanana, sasukana, sakadugana, saweratna, jeung sakawasana, boga ngaran nyaeta Buyut Najra, Buyut Karang, Buyut Bombang, Buyut Para Nabi, jeung Buyut Para Wali. Ngan Buyut Adam Tunggal anu aya di Sabang nepi ka Merauke euweuh eureunna kudu terus neguhkeun wiwitan. Nyekel wiwitan bisa disebutkeun bener, bisa disebutkeun salah. Disebutkeun bener, da aya riwayatna; disebutkeun salah, da euweuh bukuna. Ngan lamun asa-asa jeung kurang percaya, teangan poe 7, bulan 12, tahun 8. Sabulan 30 poe, sataun 360 poe. Lamun ieu hanyang ngoreh atawa hayang nyaho leuwih jero, ulah disusul ka Baduy, jeung ulah nanya ka Puun, tapi teangan dina sajarah alam.

Ari sajarah alam ceuk itungan Urang Baduy euweuhna nepi ka 415 tahun, waktu nagara urang dijajah Walanda. Ti dinya, Sultan Banten mundur eleh ku Walanda, bari aya pamanggilna di birit Leuwi Kadatuan nu ayana di Parakan Dangong; tuluy ditepungkeun ka puun Lanting. Sultan Banten nyarita,

"Kami geus moal bisa neguhkeun wiwitan, ngan omat-omat kudutetep diteguhkeun jeung kudu dipatuhkeun, ulah gedag kalinduan, ulah rigrig kaanginan, jeung ulah limpas kacaahan. Lamun heunteu dipatuhkeun, matak puhpul pangaruh, matak teu meunang juritan, matak cambar kamenakan, matak sangar kanagara, leutik pangarahna jeung leutik pangaruhna ka nagara."

Tah ti dinya Puun Lanting nanya: "Ari sajarah alam aya dimana?"

Sultan ngajawab: "Cenah aya di Bogor"

Puun nanya deui: "Di mana jeung di saha?"

"Di Tanah Sareal, di Pangeran Raja Galeher," jawab Sultan Banten.

Ti dinya langsung bubar, ngan Ratu Banten (Sultan) nyarita,

"Kami mah, lamun asup ka kayu beureum, milu beureum; asup ka kayu putih, milu putih. Ngan omat, bisi aya urang kulit putih jeung urang Cina, eta ulah diasupkeun ka kungkurangan jero Baduy, hususna ka padalaman."

Prinsip hirup, garapan hirup Urang Baduy, nyaeta Baduy Luar ngajaga bari ngabantu tapa Urang Baduy Jero di wiwitan. Ari tapana, lain teu dahar, lain teu nginum, atawa teu sare; ngan tapana tapa bener, kudu ngajaga saluruh alam, kudu neguhkeun jeung kudu matuhkeun cara pamakean garapanana, bari ulah aya anu ngaruksak jeung ulah ngarobah titipan, saperti ngajaga kalestarian alam, di Baduy Jero nyieun imah teu meunang make paku, taneuhna teu meunang diratakeu (kudu sakumaha aslina), anu ngeusian imah teu meunang make emas jeung teu meunang nyeungeut lampu minyak tanah sababna ari minyak tanah mah asalna ti alam dianggap ngaruksak alam lingkungan, meunang ge nyeungeut lampu anu minyakna tina minyak picung atawa minyak kalapa (ramuan alam). Kahirupan Baduy Jero jeung Baduy Luar nyaeta ngahuma, bari taneuhna teu meunang dipacul, kitu deui caina (sirah cai jeung walungan) teu meunang diracun jeung dikotoran lantaran ngaruksak alam.

Pulo Jawa aya riwayatna manjang ti Barat ka Timur, nyaeta nyangsirah ka Ujung Kulon, disebut Sanghyang Sirah, nyaeta sirahna P. Jawa, nunjang ka Blambangan disebut Sanghyang Dampal nyaeta dampalna P. Jawa. Ti Sanghyang Sirah ka Sanghyang Dampal ngabogaan tulang punggung, nyaeta Pagunungan Kendengnu loba sumber caina. Sakabeh manusa kudu ngajaga jeung ngamankeun
alam pikeun kahirupan makhluk Alloh SWT.

Patekadan Kang Kanjeng Siti Jenar

(Meunang Nyutat ti Blog dulur six4sep.multiply.com)

PANGKUR-PANGKURANG-KURANGNA RASA

I.

Barabat pada disada,
Hening jati tigin sirotol mustaqim,
Pada boga undak usuk,
Parangkat luhur handapan,
Pangluhurna mah tepi ka hakkan hakkun,
Patekadan Lemah Abang,
Dihukum ku alam biwir.

Jadi pamuntangan sara
Ulah muka rasiah rabul alamin
Meletik bijil ti sungut
tangtuna di hukuman
bongan salah jeung sungut batur batur
di nagara pakalaman
nungtik pakalaman deui

II.

WAHDAT AL WUJUD(MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA GUSTI)

Wahdatul Wujud di Indonesiakeun jadi kesatuan eksistensial (numutkeun Nurcholis Madjid). Di jawa mah dijelaskeun ku kecap manunggaling kawula gusti, tapi di sunda kampung mah istilahna teh (leuwih merenah jeung leuwih nunjukeun kana hasil) nyaeta: Gulung na abdi jeung gusti nepi ka ngagalunggung.

Sabenerna keur di sunda mah, ieu penjelasan wahdatul wujud ku kecap manunggaling kawula gusti -nu (ditambahan) sing nepi ka ngagalunggung- teh ‘mere arahan’ kana kumaha sabenerna ahlak jelema dina tohid (tauhid).

Manunggaling kaula (abdi) gusti –mimitina kudu aya dua (alam midua) nyatana aya abdi aya gusti.

Jadina teh...

Alus gusti sabab abdina alus, goreng gusti sabab abdina ge goreng.
Alus abdi sabab gustina alus, goreng abdi sabab goreng gustina.

Pan cenah ge kalahutan bijil lamun kanasutan na enya. Lahut ngaridoan mere hidayah berkah jeung rohmat sabab nasutna aslamtu. Lahut kejem ngantep ngahukuman sabab nasutna nolak nambalang (kafir).

Pan cenah ge loba kapanggih abdi rujit sabab salah muhit nu jadi gustina. Loba nu ngajadikeun hawa nafsu jadi (ilah) gustina.

Matakna....

Kudu hurip gusti waras abdi. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak sabobot sapihanean.

Kudu daek jadi abdi meh loba gusti keur maneh,... tong embung jadi gusti ngeunah jadi lawang kahadean lamun loba abdi nu butuheun..

Pek pambrih pek nuhun lamun perlu; Pek bere pek cekel lamun boga (tingal dongeng Sang Sulaeman dina qur’an)

Lain kitu gawena kahadean?

TAPI,

TONG NGAKU gusti bisi keur teu kaseundeuhan (kawas nu ngaku turunan menak (lain menak)...ari hirup walurat) ...nu cilaka diera-era mah maneh....

TONG NGAKU ngaku abdi agul boga gusti.... bisi keur teu diaku (pamenta keur teu dikabul)...nu era belehem mah maneh...dinaha- naha.

Sing boga tata titi duduga peryoga; migawe haphap ngendag-ngendag memeh luncat nuturkeun alam batur, tulaten nurutan sireum tarapti kawas titinggi meh seukeut duduga miyuni gagak dina nempatkeun kaabdian kagustian. Ulah melengkung bekas nyalahan sarosopan teu pantes mernahna.

...nu era cilaka mah maneh keneh maneh keneh....da maneh nu nandangan.

III.

Urang buka saeutik lalangsena, .....

Lamun urang ningal dina basa sapopoe. Kecap abdi dipake dina alam tata alam semu, pihak “abdi” nempatkeun sahandapeun (jauh-anggang ti) pihak ka dua nu dianggap ‘gusti’ na. Gawe kitu sabab:

• Pihak ka hiji ku ngaku nempatkeun jadi ‘abdi’ teh ngarepkeun /boga pamrih ‘kagustian’ bijil ti pihak ka dua.

Ari kagustian nyatana gambaran /’manifestasi’/perwujudan Asmaul Husna nu rupa rupa-kayaning ngabulkeun pamenta, berehan, nganteur kahayang, tempat nyalindung, tempat kanyaho,.. jrrd.

Ari kaabdian kudu sabar, kudu daek menta, teu guminter, kudu tawakal (nyanggakeun kumaha gusti),..tungtungna ning sok ngaromong sadaya-daya. Shalatna (do’ana/pamenta na) ge sok disarebut sembahyang.. .nyembah ka hyang... da rumasa jadi abdi ( tingal –“shalat kami aya 4”). Migawe sabab geus kuduna kitu/ sabab sieun/sabab era/sabab asa katitah ku gusti nu salilana moncongok bae.

Ari ka abdian kudu handap asor, nyarita kudu lemes, jrrd..jrrd. Ari ka gustian cenah kudu balabah, berehan, murah congcot hambur bacot, jrrd..jrrd. Lamun manggih abdi teu boga adeuh sok tara dekeut jeung gusti. Mun gusti kored keked moal loba aya abdi nu deukeut jst..jst..jst.

(Undak usuk basa lemes kasar nu lengkep pakeun mernahkeun maneh dina ‘komunikasi’ ku, misalna, basa lemes heula ka nu anyar pinanggih/nyaluyuke un jeung alam nu diajak komunikasi di sunda sabenerna cara maju- ‘highly civilised’ hiji budaya)

Nu parerceka tarapis dina ngolah nempatkeun budi basa rasa rumasa... loba meunangna. ..lamun ka jelema urang handap asor (jadi abdi)...sok kaluar ti manehna (lawan komunikasi) teh kagustianana. .. Meureun resep meureun ngeunah meureun betah loba nu mere maweh disebut jelema bageur pikanyaaheun batur.... tah kagustian batur bijil keur maneh ari maneh bisa jadi abdi.

Kitu oge sabalikna... .

Tong nolak mun aya abdi sumolondo... sabab karek mun aya abdi.... ka gustian bijil ti maneh...tungtungna pada ngamulya-mulya kunu ngarasa kahutangan kunu ngarasa meunang kahadean ti kagustian maneh.

Ka handap asoran... oge dipake ‘nguji’ kawas haphap...ieu jelema nu disangharepan jalma perceka nu kawaris sifat kagustian atawa henteu?...sabab di handap asoran teh aya ge nu jadi mancangah... cirining. .jelema teu baleg teu kawaris kagustian..

..beuki handap urang..lamun itu (batur) teu bisa ngahandapan. ..cirining rek robah laku.... itu eleh duduga urang jadi gustina itu nu ngaabdi-abdi. .pek bae cobaan mun cacarita jeung menak...teu percaya mah. (menak ayeuna mah leuwih dimaksudkeun kana diantarana ‘educated’ luhung elmuna ‘wise’ jembar panalar ‘leader’ lulugu/ kokolot /pananyaan panannggeuhan umat- nu boga gelar raden ayeuna mah saukur nu pastina turunan menak-jadi henteuna menak mah wallahu alam)

Tapi, Mun teu bisa teu tapis .... loba menak (gusti) kaperdaya ku pamuji abdi (feodal) jadi mere tapi awuntah ...loba somah (abdi) heurin ku letah teu wasa sieun teu nyaho basa...saukur bisa kumaha anu dibendo (nu jadi gustina).

Dasar hirup di alam pamrihan.... nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.

IV.

Pek pecakan ka Rabb Gusti nu murbeng alam...Sarua. ....

Ku nempatkeun ‘ka abdian’ teh ngarepkeun ka gustian ti nu dipenta, pan dipapatahan ku Qur’an:

Ari ngadu’a (menta neneda) keur abdi mah tarik teuing ulah laun teuing ulah..pan cenah ngadu’a teh kudu sineger tengah sorana ari ka Gusti (rabb) mah;

Kudu daek menta/ngadu’a ..ulah api lain..pan cenah Rabb teh teu resepeun ka (abdi) nu tara ngadu’a/menta;

Kudu narima dina kalaipan/dina katunaan/dina kakurangan/dina kasalahan (pek tengetan du’a du’a nu diawalan ku Rabb). ... eta teh ameh bijil gustina sabab nu datang abdina nu boga rasa rumasa.

Ari ka gusti kudu sabar bae jeung tetep kudu menta (do’a/shalat) bae pan cenah ceuk qur’an “menta tulung ka kami ku sabar jeung shalat” (kajeun can dibere kudu tetep menta) da wayahna jadi abdi nunggu-nunggu di kabul gusti.

Jeung ,....

Ceuk qur’an ge cenah kudu jejem yakin arek dikabul pamenta. ...Lamun henteu? he..he..he.. kumaha deui? rek menta deui ka salian ti gusti?.... euweuh...euweuh deui nu bisa iwal ti gusti...pan maneh mah abdi.

Jst..jst...jst. .

Tah..hirup di alam pamrihan... nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.
KUMAHA SUPAYA GULUNG ?

Naha kudu gulung?

Alam abdi-gusti mah alam anggang...sadeukeut na ge ka gusti...para abdi mah teu bisa deukeut sabab beda pangkat beda kabiasaanana. Tara gusti satata jeung abdi..sabab lamun satata leungit kagustianana.

Hayang deukeut mah nya gusti jeung gusti deui....abdi jeung abdi deui. ngan lamun abdi-jeung abdi, gusti jeung gusti. Leungit kagustian leungit ka abdian...pan basa nage jeung sasama mah pa dewek-dewek pa aing aing. Ngan kade mun keur aya abdi ulah gusti padewek dewek pa aing aing meureun abdi bisa ngunghak? Sabalikna mun keur aya gusti abdi tong sambewara... bisi tideuha.. naha bet aya abdi cumantaka?

Alam abdi-gusti mah alam tata alam semu....tara dicaritakeun sajalantrahna. .. Strategy jeung kaayaan presiden (gusti) tara dijelaskeun kabeh ka sakabeh rakyat (abdi).... cenah ge kapaksa kudu ‘white lie’ sabab mun dicaritakeun sajalantrahna mah bisi kuciwa...bisi putus asa...bisi CAN BISA NARIMA..bisi mancangah ..jrrd.

Pan kongas dina agama oge...loba nu disumputkeun ..saur Gusti teh dina qur’an...”nu nyaho eta mah ngan saukur kami jeung nu dikersakeun ku kami..maraneh mah para abdi moal..moal kabeh nyaho (nu saenyana) aya ge ngan saukur nyangka”....ari nyangka tara pas ka enya...malah, saur gusti dina qur’an, nyangka ngeunaan gusti mah pagawean abdi nu ditundung (setan)”.

Hayang nyaho nu saenyana mah kudu pindah ka alam gusti jeung alam nu daralit (qarib/qurbah) sabab kapeto kapilih dikersakeun ku gusti.

V.

Kumaha carana?

Kudu daek saalam sakabeuki jeung gusti. Engke nyaho kumaha ari gusti sapopoena usik malikna.

Didieu para ulama mere tuduh, dumasar beja ti gusti dina qur’an, yen gusti Allah teh boga sifat 20 siki.

Aya (wujud), mimiti (qidam), langgeng (baqa), nangtung sorangan (qiyamuhu binafsihi - tingali “lingga kabuyutan jeung sirotol mustaqim/nangtung sorangan”), beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis), wahdaniat (gulung).

Cik atuh lalanyah diajar kawas kitu....

Pan saur Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge... “akhlak maneh sing kawas akhlak Allah”

Bisa wanoh kanu 6 diluhur teh kudu bisa wani daek nyaho jeung hirup (keneh). Maneh nu nandangan (nu daek nu wani nu bisa nu nyaho nu hirupna).

Hirup (hayat) jeung (hayan) nu hirupna, Bisa (qudrat) jeung (qadiran) nu bisana, Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna, nyaho (ilmu) jeung (aliman) nu nyahona....atuh kudu sagala ku sorangan di sorangan lain euceuk lain cenah.

Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) nu ngucapna tapi teu make sungut.... atuh diajar nyarita teu ku sungut
Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina tapi teu make mata.... atuh diajar ningali teu kumata
Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge tapi teu make ceuli... atuh diajar ngadenge teu ku ceuli

Teori na mah loba tinggal leukeun daraek diajarna...diantara na aya nu boga pamanggih:

cenah, kudu asup tareqat..tong sareat wae.... (kade loba nu ‘kabodokeun’ ku guruna, kasiksa/kapager ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/ sareat jeung golongan/aliran, komo kana tareqat nu sok ninggalkeun sareat),...

cenah, kudu ngaliwatan tobat, zuhud, wara, faqir, sabar, tawakal rido ikhlas (kade ulah lieur ku metoda)... jrrd cenah pamanggih jelema.

..klise lamun dituluy keun.

Ari ceuk kami mah:

Prak teangan Ajarna ulama ahli waris nabi nu bisa ngajarkeun nyarita teu ku sungut, ningali teu ku mata, ngadenge teu kuceuli, hirup teu bari ngarenghap. Nungtun kawani kabisa kadaek jeung kanyaho nu aya di sorangan.

Tah engkena tara kaeuweuhan da aya wujud maujud tara neangan nu euweuh, langgeng baqa da mapay nu jadi mimiti maneh (qiyam) memeh awang-awang uwung-uwung, nangtung sorangan bi nafsih, beda jeung batur-batur nu anyar nu pandeuri (mukhalafah lil hawadis). Gulung gumulung...sagulung sagalang...meureun teu kudu kararagok..da jeung sobat dalit. Sab geus sakabeuki sakanyaho sakadaek sakabisa sakawani.

Tah engkena nu disebutkeun ku teori-teori katasawufan jadi sorangan.

VI.

Gulung dina Patekadan Lemah Abang

Lamun geus geus loma/dalit, euweuh gusti euweuh abdi babar sapisan jadi sobat (wali).

Tapi, dina tohid bisa na qurbah (qarib=dalit) nunggal ngahiji gulung teh ku modal islam (aslamtu sumerah) nepikeun ka jiwa ragana teu ngaboga boga nepikeun ka teu ku maneh maneh acan (da teu daya teu upaya).

Ayeuna lamun ka-maneh-an geus aya deui, tuluy bareng jeung batur batur, tuluy nyarita meletus bijil ti sungut, make basa maneh (sedengkeun lain gusti mah nyaritana ge teu make sungut? ari ieu bijil ti sungut), ceuk batur nu ningali mah maneh teh keur fana (rusak). Ari nu rusak euweuh nu pantes nurutkeun alam tata alam semu.

Meureun batur salembur leueleutikanna pada heran pada teu ngarti,... gorengna pada nyalahkeun,. ... ceuk batur teh naha ari aing henteu, boa si itu nurustunjung jelema gelo...nu kitu teu sarua jeung fiqh (asal kecap fiqh = pamahaman, tapi ahirna jadi hukum) batur-batur.

Ieu kajadian geus loba, di jawa mah kajantenan ka Syech Siti Jenar (SSJ)..

Aya cariosan SSJ nu kadugikeun kanu sejen (utusan) nu beda tingkat pamahamanna (beda alam) ngeunaan ageman - nyatana waktos para wali miwarangan ngulem SSJ, caritana nu katepikeun mah kieu:

----
Kahiji, waktos kaleresan SSJ nuju dina ‘kafanaan’, Utusan wali nepangan: “Kangjeng Syech,.... dipundut sumping ku Kangjeng Sunan... sun”
SSj: “Euweuh sitijenar mah, aya ge Allah”.

Dasar ka jalmi nu dipercaya luhung sanajan ucapan na’aheng’, nu dipiwarang teu wantun mindo catur teras wangsul deui pupulih ka para wali teu tiasa ngangkir SSJ margi nuju suwung nu aya ge ngangkenna Allah.

Para wali mah maphum teras we mindo (kaduana), miwarang utusan supados nu diulemna teh Allah, ngan kaleresan pas tepang teh SSJ tos dina ‘biasa’ deui.

”sun...dipiwarang ku Kangjeng Sunan supados ngulem Allah”.
..atuh waler SSJ teh: “tong ngangkir Allah ka kami da kami mah SJ”.

Atuh ki utusan mulih deui ka Para Wali wawartos yen teu tiasa ngulem Allah da nu kasampak mung SSJ.

Para wali, ahirna, mutus supados ngutus nu cekap ngilmina (sa alam) pakeun ngangkir SSJ. Sanggemna ieu utusan teh :

“Ieu kami... menta Sj Kalawan Allahna supaya hadir ayeuna keneh”.
Sakedet netra SSJ nu tos ras jlig... tos dugi ka riungan wali.

Ngan,.... nyebut Allah ka nu sejen ieu nu engkena jadi label ‘hukuman’ ka SSJ..., ti ieu beja nu nepi ka utusan teh, tuluy nyebar ka bala rea SSJ teh jalma nu ngaku Allah.

Naha sesebatan lain SSJ teh Lemah Abang?

Ari lemah hartina taneuh ari abang hartina beureum. Di sunda mah lamun aya jelema nu anyar paeh sok disebutkeun cirina taneuhna ge beureum keneh. “puguh ki anu the maotna kamari tuh taneuh na ge beureum keneh”. Taneuh beureum dibasakeun kana pajaratan anyar: Padahal teu kabeh taneuh beureum, siga nu dikuburna di lembang mah kajeun anyar ge teu beureum da taneuh na hideung.

Ari pajaratan anyar mah salian ti paesan (nisan) teh taneuh na ge melendung keneh...cirining can kabeh sirna...matak sok ditahlilan sok direwahkeun. .. can jadi paesan jati pisan da katambahan keneh sesa bangkarak.

Ari nu ngulik kasampurnaan mah kudu bisa paeh heula samemeh paeh ceuk batur/jamak (tingali-paeh samemeh paeh) sabab kongas aya ayat qur’an: “Jeung jalma jalma nu geus paeh, tuluy dihirupkeun deui, terus dibere sunda, nu ku Sunda (nur) eta maranehna bisa lumampah hirup diantara manusa, naha sarua jeung nu aya dinu poek mongkleng anu manehna henteu bisa kaluar tidinya (6:122)’.

Kajadian SSJ meletus cariosan kasaksi ku batur ngangken Allah, sabab masih keneh anyar (kafanaan keneh teu acan pulih) lumampah saatos ‘paeh samemeh paeh’ -sanajan tos kapasihan sunda (nur) ti nu murbeng alam benten jeung jalmi biasa. (tingali-panaekan warnaning tangtung).

(....Enya kitu??..pikiraneun )

VII.

Kumaha gulung supaya ngagalunggung? ?

Diulemna SSJ kana gempungan Wali Sanga mah, sabenerna, pakeun ngabahas kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina ajaran/pangwuruk SSJ) ngeunaan syariat agama – nu aya imbasna ka masarakat umum (malah nepi kana ranah politik –ki kebo kenanga, ki Ageng Pengging jrrd).

Tangtu geus pada nyaho yen pamanggih murid can tangtu bener ngawakilan (teu kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru sanajan loba oge murid nu leuwih pinter/jero/ bener pamanggihna ti guru. Tapi lamun muridna salah –migawe salah- guruna sok dipenta bantuanana/pamanggi hna/ ‘advisna’ pakeun ngomean muridna jeung ngomean ‘akibat’ tina kalakuan murid. Kasalahan murid lain kasalahan guru- iwal ti lamun memang kabukti guruna nitah murid supaya migawe salah. Ieu kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali.

SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug katutuh, ngajadi ‘bukti’ yen SSJ kenging ‘hukuman’ dugi ka pupusna. Aya nu nyebat ku para wali dihukum pati (diantawisna kadugikeun ku kang Mrachmatrawyani- haturan); Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira dina riungan wali – ‘Serat Siti Jenar” Bratasekawa) ;

Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) anjeuna pupus cilaka ku ‘polah’ nyalira. Matakna ieu dadaran, insya Allah, arek nepi kana kumaha supaya salamet gulung na abdi gusti teh jadi ngagalunggung.

Saacanna urang dongengkeun gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali:

Dina pamadegan yen sakabeh wujud jeung nu maujud dialam dunya teh teu aya deui iwal ti Allah. Laa maujuda ilallah laa wujudika ilallah...dicobi ku keris duhung (keris “Kantanaga” kagungan Sunan gunung jati) ..ku kangjeng sunan kalijaga.

Barang dicobi teh.... eta keris teu teurak...teu tiasa antel antel acan

(kawas ajian batara karang panta/level batu- tingal kaadaman + Batara karang).

---------
Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan dina tohid nepikeun ka ayeuna masih keneh aya.... jeung bakal terus dipake Sabab patekadan / kayakinan teh kudu kaharti karasa tur bukti.

Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid sok sarieun mun diajak ngukur kasampurnaan sabab sieun kabawa paeh. Nu kapikirna teu bisa baralik deui. Lebareun keneh ku kahirupan dunya.

Padahal cenah ceuk nu geus paeh samemeh paeh...he... he..he.. lamun paeh (nyawana) nu aya (nyesa) hirup mungkul usik malik pan kongas dina qur’an Allah nyanggem “nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup masih barang hakan barang pake ngan batur-batur teu apaleun” (tingali paeh samemeh paeh).
------------ -

urang tuluykeun deui:

“Enya...enyana mah tapi wujud (af’al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah lamun ditewek lumrahna kudu teurak....”
Nguping kitu..teras we eta keris teh nanceb...tapi teu bijil getih...biasa wae teu reg rog

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh- tingal kaadaman + Batara karang)

“... lumrahna wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah mun katewek bijil getih.”
Teras we tina salira SSJ bijil getih tapi bodas...

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh/cai (Jannah) - tingal kaadaman + Batara karang)

“.... lumrahna mun getih tina wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah... bijilna beureum”

Teras eta getih jadi beureum ngaberebey.. . bari salirana tetep seger tur teras sila.

(Tah ngawitan ti dieu SSJ katideresa ku polah nyalira “nyebut Allah kanu sejen...” rido nu maujudna jadi awak ‘jelema biasa’ nu getihna beureum...sanes wujud ‘manusa’ af’alna Allah..... bari nuju ditakonan ku si “kantanaga” nu maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui)

“Aeh...naha bet jadi kitu?
...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup tapi tuluy paeh.”
....Tuluy eta awak-awakan. ..teh ngagoler.

SSJ nyarios...”sok hayang ditembongkeun naon deui?”
Ditempas “... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita...”

Saharita...SSj. .nyarios kieu...”heug atuh kula moal deui cacarita... ninggalkeun ieu alam...ngan engke sing waspada bakal daratang munding bule....

bakal aya....
bakal aya ...

(nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan SSJ teh)

Saatos nyarios kitu badan SSJ sirna kagentos ku hiji tangkal nu seungit ngadalingding.

Naha bet kajadiana kitu?? Naon maksudna??
(Urang teraskeun upami pareng)

(dicatut tina seratan
Eddy Nugraha)

Monday, August 18, 2008

22. Kalimah Bisi Kana Raheut

Bismilahir rohman nirrohim
Hu dat herang langgeng anu nyurup kana nyawa
Ras kala jeung eling aya di Gusti anu nyanding
Gerak kawasa anu manjing hak kalam jeung mutakalimun
Jaya wisesa aya di kaula hirup waluya asal biasa
Hak cageur (3x), cager ku kersa hayat.

Tuesday, August 12, 2008

21. Kalimah Hampura Dosa

Bismillahir rohman nirrohim
Kaula niat élmu kaula
Niat sahadat ning batin
Niat sahadat ning bumi
Niat sahadat ning islam
Niat sahadat ning kaula
Sampurna ka diri kaula
Nyérénkeun dosa kaula, sapangadeg diri kaula sadampal suku, sakujur badan, satungtung buuk
Gustiiii Gustiiii Gustiiii hampurakeun dosa anu aya di diri kaula
Nu Maha Suci mangga nyérénkeun diri kaula, dosa kaula, hampura dosa
Alloh Hu Akbar 3 x

Tuesday, August 05, 2008

20. Kalimah Sumpah Manusa

Bismillahir rohman nirrohim
Asyhadu alla ilaha illallah wa asyhadu anna kudrat Pasti ya Rasulullah (3x)
Kaula nyaksian hirup, Hirup nyaksian teges kaula nu hirup
Yakin jeung nyata Sumpah Kaula nu hirupna
Disaksian ku hirup, Kecapkeun ku hate anu suci sadar jeung eling
Adeugkeun ka ikhlasan lamun enya anjeun rek hayang jadi manusa
Ieu pagawean manusa kecapkeun sumpahna;
Ya Allah wujud hirup moal bengkok sinembah kanu hirup
Saumpama kaula bengkok sinembah kanu hirup
Nyatana hak manusa nyembah kanu hirup
Sumpah Kaula (...... tah didieu jangji)
Menta paeh kaula jadi sato hewan anu teu mangpaat didaharna ku manusa
Hirup nyaksian nu hirupna disaksian sakumaha anu geus diragragkeun cara pagawean manusa
Kaula sanggup ngajalankeunana

19. Kalimah Karahayuan Sakawayana

Bismillahir rohman nirrohim
Rahayu bayu rahayu Sakawayana sajatining hurip
Nya ingsun seuseuweu putu sasaka Sakawayana
Satunggal wali kuncung putih Nurrulloh
Kudrat pasti Ya Rosululloh

Monday, August 04, 2008

18. Kalimah Pamehper Amarah Batur

Bismillahir rohman nirrohim
Bumi kuduk jagat putih aing nyaho ngaran mustika bumi
Bumi kuduk jagat putih aing nyaho ngaran mustika jelema
Bik braja nira niis pangmeupeuskeun hamperuna si ..... nu rek napsu ka........

17. Kalimah Kanggo Ngical Bumi

Allah Muhammad Adam wa birohmatika ya arhamar rohimin
Bismillahir rohman nirrohim (3x)
Asyhadu alla ilaha illallah wa Asyhadu anna Muhammadar Rasulullah (3x)
He bumi sarekot - rekot ning bumi, kaula menta hampura ka bumi
Neda suka na bumi bade diical (Kanu gaduh na bumi + sebat nami anu gaduhna bumi)
Wujud marit dat bumi, Ya Allah (3x) , Ya Rasulullah (3x)
Hampura nira muru-muru mubray ti kidul Kangjeng Nabi Daud A.S.
Ti gigir Kangjeng Nabi Ibrohim A.S.
Ti tukang Kangjeng Nabi Ismail A.S.
Ti Hareup Kangjeng Nabi Muhammad S.A.W.
Diuk Kangjeng Nabi Luth A.S
Lempang abdi Kangjeng Nabi Khidi A.S
(Bumi na bari ditenjrag 3x)
Sang kuleper putih sang kulincir putih wong wadon wong lanang
Tutun dibanding sang ratu ireng Malaikat anu nepakna ambekan (si...... anu maksud meser bumi)
Sang ratu ireng Malaikat nu nepak socana (si...... anu maksud meser bumi)
Ya Allah (3x), Ya Muhammad (3x), Ya Rosulallah (3), Allahu (3x)