Monday, June 29, 2009

Sajak Karya Kang Sayudi : LALAKI DI TEGAL PATI

Tjitraresmi sari wangisi lenjang bulan ngalangkangsampulur miindung layungRampayak mirupa meraksampayan kembang kamelangkembang dada Sri Baduganu ngageugeuh taneuh pageuhdi buana warna-warna.

Geulis kaasih pohacikacapangan para rajadi bumi terusing langitbumi ancikan lalakilangit ancikan birahi.

Diugung ugung ku degungditimang-timang ku gondangatina dina kacapirasana diri manusa.

Raratan ka tatar wetanngalengkah-lengkah ka Bubatcundukna lain rek talukdatang lain rek sumerahseja nyungsi janji diriseja nguji ku pangaji.

Lampah diala ku Rajanu ngawasa tatar wetansejana didama-damadiugung papayung agungtanjakan angkat ka Bubatmun cunduk nunggu saisukbaris dipapag jampanabaris diarak ku pesta.

Cag : teundeun ingkeun urang ceungceumtunda satengahing dadarabut ka puhu papay ka akargeus dibeuweung caritakeunurang buru bukur galururang papay pileumpangnabisi kalangkungan saurbisi kacampelak kecap.

Sapat lampahna ku niatdijajap para satriasamakta pakarang perangbisina aya dodojabisina aya cocobabanteng nyeta gajah meta.

Kolebat tegalan Bubatpasangrahan supa mayakumbul-umbul hulu maungrurumbe temeng ranggeteng

Nya gehger geger ku ibergelap ninggang pabeubeurangbeja pabentar ti sangka.

Ratu tipu ! Raja nista !subaya dipulang cidranu Geulis dipulang keris.

Renjag para sinatriasareundeuk ngabeubeut seuneusarindat singa bayanganhurung tihul na jajantung.

Saur manuk rampak sumpah satria mo incah sembahbongan lampah dicacampah.
"Clik getih clak nanahmo inggis ku congo kerishamo gedag dibibirabuyut nya biluk ka musuhsatia ka Pajajaran"

Sakolepat pindah cupatreueuk deuleu ku kaceuceublangit dihuru ku napsutegal diampar amarah.

Sawidak ahad tatandangpasir kalindih ku getihnya tegal tempat ngajagal.

Eundeur bengeut-beungeut dayeuhkasurak ku balareaRaja Pajajaran tandang.

Iblis-iblis ting puringissetan-setan ting puringkakngabedega Sri Badugajirim sajungkiring pasirtangtung saluhur Galunggungsapuringkak bulu landakurat-urat Sangkuriangdiaping para prajuritdijaga para satria.

Nenjrag bumi tilu kalioyag lemah sajajagattingkoceak urang Bubat.
Gaur saur putu Galuhmapat aji-aji dirinya saur guludug urugngareuhak paralak ruhak.

"Lalaki aing lalakitukang nguyup getih jurittukang ngakan bayah peranggeura datang Raja cidrageura datang sato jalmapapagkeun aing ku tumbakjajapkeun ku tungtung duhungnya hulu aing Citanduyhate aing Cisadanenunjang ngulon Ujungkulon"

"mun saat tara paragat"

Tungkeb balad sajajagatngala nyawa Maha Rajangagilir Kujang anggoansihungna Guriang Tujuhsipuhan Jaksa salapandiringkukan Raja Teluhditunggu maung sapuluhcipangasah peurah nagapanigas dua harerangseuseukeut dua paneuteupnu hiji ngancik na atikadua napak di dunya.

Humandeuar Raja cidranyawa diancam cangcayaumur katungkul ku kuburjajaten kapeped manten.
Metu tipu rikip licikngutus pandung gudang burangnu weduk ukur di lemburanu bedang bayah belangPapatih ati jejerih.
Entrang-entrang tengah beurangpanonpoe bahe ngalersamagaha ninggang ugakila-kila aya baya.

Mangsa layung ngembang gunung jurit kasapih ku burittangara ngahalang perangSri Baduga mulang nukang

Kujangna merod ngacacangbawana teu daek mulangciri aya nu nyamunipaler soteh ku pamepes.
Sajorelat pedang mesatnigas jangga Sri Badugadihanca sawelas hancaditindak sawidak nindakkahiji teu busik-busikkadua teu ceda-cedakatilu teu metu urutkaopat taya tapaknaukur malipis palipisukur ngangkang luhur tarangliat kulit batan keristeuas tulang batang pedangpanigas kalahka peunggas.

Maha Raja maseuk taneuhtohaga kuda-kudananyawedel adeg-adegnahanteu kaunggutan guguphanteu gigis bulu bitismalik gigir lawan ngejatngusap birit Patih indit.

"Pangira lalanang perangrupa gajah atah warahnya hate gede tampeleti hareup teu wasa neuteupti tukang daek ngawengkang"

Ki Patih malipir hinisseber wawanen ngaladendilieuk ngabeungeut bueukundur laku ka jauhnanunggu-nunggu waktu mulus.

Kebat lampah Sri Badugasajuringkang lengkah dangahmipir mayit nyukang bugangnya mapay-mapay babatang.

Katurih-turih ku pikirkasuat-suat ku rasagalindeng nu impleng-impleng.

"Rumasa aing nandasasajalma nu boga cidratan kawilang nu harilanglalaki aing samistiasih ka pangaji diritaroh umur bela lembursasaji bali ngajadi"

Srangenge tomper ka kaler harieumbeungeutna reueuktiis jahe hangru bangkepasangrahan pada lungse.

Cihcir ngurilingan peutingmajuna ka tengah dalubulan ditaleukeum ceudeumhiur angin ngayuh tunduhmirig peuting sungkan nyaringgempar balad Pajajaran.

Tengah dalu nunggu isuknya nyukang carangcang tihanggugah Maha Raja gugahcucul-cucul duhung tarungdilaan Kujang anggoanrep sidakep mapat rajahngujur ngidul ngayuh kidungmenekung ka Sang Rumuhunneneda ka Nu Ngayuga.

Sang Rumuhun dina kurungnu Ngayuga dina rasangahiji dina dirinanguculkeun sagala napsungicalkeun rupa kahayangmepes sagala jajatenneang manusa nu dakwaneang lalaki nu bakti.

Kojengkang papatih curangnya nyamuni di nu sunianu nyumput di nu singkuranu nganti ti tatadingadu tarang teu kasawangti tukang sok susuganan.

Nu menekung junun tangtungnu curang sawenang-wenangmilih kulit anu ipisbisi meulit kana bitisbisina malindes tenggek.

Suruduk duhungna mangprungnewekna sataker kebeksakali keris ngagarisnu kadua nyasar dadakatilu cunduk ka wuku.

Geleger lemah ngagedergunung-gunung mungguh urugangkub satungkebing peutinggelap ngampar ngadak-ngadakpada munipada nyaksi.

Buriak pengeusi Bubatkoceak nyambat karamatpangira dunya pralaya.
Ki Patih kapicis miriskasima dangiang Rajamelesat sang Kujang luncatbebela ka Sri Badugasajorelat Patih ngejatdiobrot ka mana anjogsatungtung laku titipu.

Ngarumpuyuk Ratu Agungtitis-tulis nitih wancingahanju dibarung ngidungsasajina geus katampipupus puguh keur menekunghilang pedah keur ngarajah.

Genjlong nonggong turun launjajap napas Maha Rajangembat-ngembat bulan mayatmapag nyawa Sri Baduga.

Sakereles geger ngilessabaranyay bulan ngempraymoncorong nyorot ka layondipirig ku wawangiandisambat ku kekembangan.

Beuki leutik bulan inditbeuki seungit layon demitbeurang ngangkang layon ilangnu tinggal raratananaanu kari lalakinatilem jero angen-angenngahiji jeung katumbirinutug leuwi-leuwi diringahiang di para bujangnu malire Cisadanenu sanggup ngabendung Bandung.

Cag :teundeun eunteungeuntunda ayakeuncangcang dina tulang-tulanggeus dibeuweung dipakukeundina cupu hulu lakudina padaringan atiurang teang balukarna.

Kawarti ka TjitraresmiRatu Punjul puput umurpada tihang Pajajarannu Geulis katurih eurihnu Geulis medal citangisnyamiripis hujan ipislieuk paneukteukkan beuheungsareret bangke ngaberespara satria geus sirna.

Para istri geus lastaringamukna ajur-ajuranngalabrak anggeus-anggeusanngiring sasaji ka Gustimilu tuturut ka Ratu.

Alumna kuwung-kuwungansedihna jeg kingkilabangalindeng terusing atikari milih-milih wancinya tinggal nataan mangsa.

"Batan taluk kajeun undurbatan pasrah kajeun hilangcadu kasiku ku musuhpantrang karagap ku lawanjeung pasrah ka Raja cidramending rarabi ka pati"

Sagerentes angen tetesdisaksi para pohacirep sidakep mapat rajahnya rajah-rajah pamunahpamunah sagala rasaanu ngacacang di dunyamuseurkeun sagala pikirnu ngancik di bumi lahirngageuing mulih ka jatisangkan naratas jalanna.

Dilagar wangkingananadibebener kana angendilelebah kana manahrep sarerep sirepwangkingan malang na ragaTjitraresmi labuh pati.

Hiuk angin wawangianmirig Putri nu lastaridipapag ku katumbirinu tinggal raksukananaanu kari lalakinanya sampeureun para istri.Cag :Tutug lakupungkas kecapteundeun paseukeuntanda pelakeunsusun na tangtungentep na hatekari neuteupkeun ka hareuptinggal nyawang ka nu anggangmangka ludeung ku katineungwaspada ku pangaboga.

Urang tutup galur caturpadakeun tepi dinya

Bral !

No comments:

Post a Comment