Tuesday, December 15, 2009

SASTRA UJUNG KULON

Prasasti Ujung Kulon
(Ti Pupuhu Nu Sejati) sumber : SANGATEN


1. Ujar-ujar panglungguhan para susuhunan
Jajar pusaka titis waris karatuan
Udagan para kusumah nyampurnakeun badan
Nyandak waris pituduh, ti Bumi Suci Banyu Rasa Kahuripan
Geusan pibekeleun para satria ngaguar cumarita sangaten

2. Kinayungan nu mawa pangadegan wahyu Cakra Ningrat
Utusan ti Pajajaran nu pasti, sanes ti Kalinyamat
Lumungsurna teu mawa jimat, tapi mibanda syahadat
Olohok lain kabengbat kunu jadi, tapi inget ka riwayat
Nalika jaman nu parantos kaliwat

3. Umbul-umbul siloka tanjung bandera
Jadi tanda pikeun balarea nu aya
Ulah pada baburia, hijikeun tekad bangsa
Nincak kana hambalan, napak dina jalanna
Gumelar dina waktuna, cumarita dina hakna

4. Kikidung nu mawa beja, warisan ti pupuhu
Ulah rek di popoho, lamun rek pada ngagugu
Lumaku lalanang jagat, lai oge dikudu-kudu
Olahan nu mikahayang, teu surti kapara guru
Nurutkeun bae kahayang, ahirna kakurung nafsu

5. Ujung Kulon waris nu pasti, panglungguhan SANGHYANG SIRAH
Jumeneng alas mawangi, titis waris Eyang Kudratullah
Ulah poho kanu pasti, waris suci ti para kusumah
Nitih wanci nu mustari, ngadegkeun amanah prasasti sejarah
Gumelar wangsit nu pasti, ngalaksanakeun pancen amanah

6. Kakayaan waris ti gusti, pikeun ngeusi jati diri
Ujian pikeun diri, ngawujudkeun ngawangun nagri
Lumaku ulah ka lali-lali, komo bari ngaku-ngaku diri
Omongan bari teu pasti, nyasarkeun kanu rek ngabdi
Nu mana nu sejati pasti, nu nyiloka ngaraksa diri

1 comment:

  1. Sampurasun
    Kalayan rohmat Alloh tur barokah manten-Na.

    Bingah amarwatasuta ieu situs dirajah ku garbakecap
    “Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan”
    Seja aub, paribasa lauk buruk bilu mijah.
    Hampura nu kateda ka Ki Boga ieu rohangan.
    Etang-etang nyacapkeun rasa kabingah.

    EMUT KANA KECAP JATISUKMA DEWARUCI:
    Clak nyakra makalang NUSA
    Nu ngabundeur kareuma dunya
    Nyaripati ngadiri, NUSA ngajasad jadi MANUSA;
    Geura wanohan; dina RAGA

    Seuneu nu nga-DAYA, Cai suci ngalimpud LEMAH
    Daya nyifat jadi JA
    Lemah nyifat jadi LEMA
    Gumulung ngajatisukma jadi JALMA
    Geura wanohan; dina RASA

    Ditumbu-tumbu ku bayu nu nyarungsum kana hirup
    Ngarambah nyambung sabundering jagat
    Nu nungtung teu ngahujung
    Nu awal teu kahadap.
    RUH ngarana; nu jadi RU-sia-H hirup.
    Kumaha nya ngawanohannana…???

    Kasucian bakal tandang makalangan.
    Babar JABANG TUTUKA bayi suci ngalanglang jagat.
    Kecap Panyipuh geus turun ti Lauh Mahfud nyarungsumbalung.
    Nitis miis ngagetih ngadaging di Lauh Jinawi.

    Satria Pininggit malasipah Bumi nu endah andelemi.
    Satria Pinandita malasifah Langit nu jadi wiwitan jati.
    Bral ngahiji ngaragasukma sapangawakan meresan Dunya.
    Sabab amarah Dazal moal kahadang ku somah.
    Dazal lumpuhna lain dihadang ku rea.
    Tapi ati bayi anu suci lir Jabangtutuka,
    Kuat nandangan panyipuh Kawah Candra Dimuka.

    Bral datang para Jabangtutuka ka pakalangan.
    Nyandang amanah Sunda. ngabela fitrah kamanusaan.
    Anu paham silih asah
    Anu surti silih asih
    Anu punjul silih asuh (Jatisukma Dewaruci)
    -------------------------------------------------------
    Dupina, Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan
    bakal muka rusiah…!
    Hapunten sun anu kasuhun
    Galuh agung na kurungan neda jembar panghampura
    Salam baktos ka sadayana. Cag.

    ReplyDelete