Sunday, November 01, 2009

Rumpaka Pangambatan—Bangbalikan

Transkripsi Rumpaka Pangambatan—Bangbalikan
Pantun Abah Akis Désa Baros Kacamatan Arjasari Kabupatén Bandung 2005


PANGAMBATAN


Gentur kang tinuturan
gentra kang cinarita


Celuk-celuk kanu ngagaduhan pantun
sareng anu nyiptakeunana pantun
pantun nyaéta sipating parabotna
tina kacapi Pajajaran


Kanu ngageugeuh di Gunung Padang
Embah Suryapadang
opat puluh dua kaliwon
opat puluh dua purnama
kanu ngagaduhan pantun
Embah Radén Ranggagading
kanu ngageugeuh di Gunung Padang
Anu nyiptakeun pantun
Anu nyiptakeun kacapina


Hiliwir angin leutik
ngadalingding angin puyuh lilintungan
angin barat sulantangan
datang jonghok ti padépokan
datang jonghok ti beulah kulon


Nyanggakeun pangabaktina
sangu putih sangu pra sapulukaneun
sareng lalawuhna sapulukaneun
alit disanggakeun
ageung disuhunkeun


Celuk-celuk ti kajauhan
gentur datangna ti beulah kidul
datang ti Beulah wétan
Ranggawayang nu ngageugeuh Gunung Wayang
nu nyiptakeun parabotna
gamelanana jeung wayang-wayangna


Asup sora tanpa katingalan
aya sora tanpa rupa
saliring wayang
dibarengan sareng Sembah Radén Ranggagading


Dina cumarita Radén Ranggagading
nyiptakeun ieu lalampahanana
disarengan nyaéta
anu opat puluh dua kaliwon
opat puluh dua purnama
anu ngageugeuh nyaéta di Gunung Padang
Embah Suryapadang
opat puluh dua kaliwon
Gusti ratu Prabu Siliwangi
nyaéta nu nyiptakeunana
di padépokan di pagunungan
nyaéta di nagara Padang
nagara Pajajaran
ciptaanana turunan ti ratu rembesing kusumah
tina asal muasalna
ti ratu Galuh Pajajaran
nagara Galuh Pakuan


Jog anjog ti padépokan
celuk deui ka aki kaula
nyaéta sipating Mama Asmita
anu ngagaduhanana pantun
turunan ti anu gaduh pantun
nyaéta taya sanés
Sembah Radén Ranggagading
deudeuh Mama
ieu putra dina saat ayeuna
nyuhunkeun Bantu
nyaéta ti kajauhan
nyawang ti kaanggangan
teuteup Ti kadeukeutan
tilik ti katebihan
kitu kaulanun
bantu tina soarana
bantu tina kakuatanana
tina adeg sapangadegna
ti luhur saujung rambut
ti handap sausap dampal
ti tengah ati sanubari


Kalayan badé nyanggakeun pangbaktina
nyaéta sangu putih sangu pra sapulukaneun, Mama.


Atuh celuk deui
ka nu ngageugeuh di Wangun
ka Embah Uyut Sembah Radén Kudapawana
ka Nyimas Dewi Pujasari
ka Nyimas Dewi Mayangsari
teu hilap ka ibu sindén ka Nyimas Déwi Centringmanik
nu ngageugeuh Pasir Astana.


Atuh ka kersa Éyang Balungtunggal
anu ngajentul di Jugul.


Atuh unjuk-unjuk deui
nyaéta nu ngageugeuh di Cikawunggirang
ka Embah Anom Alalang
Embah Weduk, Embah Beunghar,
Embah Bandong sareng anu di Kabuyutan.


Atuh ka Embah Patra anu di Lebakwangi
anu tina resep kana tatabeuhan jeung kasenianana
Embah Tanjungwangi, Embah Dapuran, Embah Nais
sareng Embah Wira
nyanggakeun pangabaktina, pangabaktina.


Atuh unjuk uninga
ka nu ngageugeuh di Sanghyang Talaga Pancuran
Embah Gusti Sunan Parung
Embah Raden Simbarkancana
Embah Raden Panglurah
Embah Gusti Sunan Talagamanggung
pangmanggungkeun nyaéta tina kasenian pantun kaula
titinggal nini jeung aki.


Sareng ka kersa Éyang Pucuk Umun
nu ngageugeuh di Sanghyang Talaga Pancuran.


Atuh unjuk uninga
ka kersa Éyang anu di Adipala …

nyaéta sareng ka kersa Éyang
anu ngageugeuh di guha Nagaraja di Jawa Tengah Cilacap
bilih kirang sosondongna
bilih kirang sasandingna
sumping damping dongkap datang
kasondong ka Sindanglaya
nyanggakeun pangabaktina
mangga mangga mangga
mangga nyanggakeun.


Gentur kang tinuturan
gentra kang cinarita
ka kersa Éyang Embah Pangkonan
anu ngageugeuh di Ciapus
bilih kirang pangabaktina ti kaula
alit disanggakeun
ageung disuhunkeun
mangga mangga mangga
mangga nyanggakeun
mangga nyanggakeun


Atuh ka nu ngageugeuh di Gunung Karung
ma Embah Jébrod sareng Embah Gémbél
diceluk ku kaula ti kajauhan
disawang ti kaanggangan
diteuteup ti kadeukeutan


Sumping damping dongkap datang
kasondong ka Sindanglaya
sajongjongan sakérongan
nyanggakeun pangabaktina
sapulukaneun.


Kitu panyariosanana
ka nu ngageugeuh di Banten Tengah
Banten Kulon, Banten Kalér,
Banten Wétan, teu hilap di Banten Kidul
ka nu ngageugeuh di Pulo Cangkir
juru kuncina Abah Waslim
Nu waktu jenatna
anu asal muasalna ti Cirebon Girang
badé nyanggakeun ka Sembah Dalem Pangkonan
anu di Pulo Cangkir di Banten
ka Embah Jépra, Embah Kaér, Embah Kacér,
ka Embah Térongpéot
nyanggakeun pangabaktina
kaula celuk-celuk arandika
nyaéta nu aya di Banten
anu geus dijugjug ku kaula
nyaéta ka panembahan anjeun
dina saat ayeuna
kaula ngabutuhkeun soara tanpa katingalan
aya sora teu aya rupa
bantu sora kaula
ka Embah Jépra, Embah Kacér, Embah Térongpéot
nyanggakeun pangabaktina
mangga mangga mangga


Atuh teu hilap
nyaéta ka nu ngageugeuh di Cirebon Girang di Cirebon Hilir
ka nu ngageugeuh di Gunung Sepuh
Sunan Gunung Jati Wali Salapan
juru kuncina mama Tarmodo
masih jumeneng dina saat ieu
pangjurungkeun laku
nyaéta pangnyingkahkeun ku rasa ulah
matak nyiku kana rasa diri kaula
ulah matak kabéngbat kana rasa kaula
nyaéta Sunan Gunung Jati Wali Salapan
nyanggakeun pangabaktina
sangu putih sangu pra sapulukaneun
sareng lalawuhna sapulukaneun
alit disanggakeun
ageung disuhunkeun
sakitu nya ti kaula
nyanggakeun pangabaktina.




BANGBALIKAN


Gentur kang tinutur
gentra kang cinarita
nyaritakeun kakawén dina sampéna
mangga, mangga, mangga
mangga nyanggakeun
bantu kaula ku soara, Mama.


Urang tur atur tap carita
urang nyaritakeun genténg wayang waris siloka
kieu bangbalikanana:
“Saeutik meunang muhit
panjang meunang ngaduakeun
pendék meunang mariadén
ting arula ting arileu
cékcékan kukuluntungan
teundeun dina handeuleum sieum
tunda dina hanjuang siang
ditunda dina daun kayu
mandepun ditunda di bojong jalan
bukaeun umat sadaya
mangsa datang sampeur deui”


Urang tur atur tap carita
urang nyaritakeun genténg wayang waris siloka
kieu bangbalikanana:
“Lauk situ gépéng hulu
iwak sancang gépéng tarang
kaparay kaparélékeun, kaparélékeun”


Urang tur atur tap carita
urang nyaritakeun genténg wayang waris siloka
kieu bangbalikanana:
“Ti kidul babakul …
ti kalér babalén jahé
ti kulon bobojong térong
ti wétan babakal panglay
mangga mangga mangga
mangga nyanggakeun”


Urang tur atur tap carita
urang nyaritakeun genténg wayang waris siloka
kieu bangbalikanana:
“Ku ki santri teu kajudi
ku ki lebé teu kapesék
ku ki dukun teu katimu
ku tukang doa teu kabaca
katimu ku juru pantun
apal ku tukang carita
rancagé saangen-angen”.***

No comments:

Post a Comment