Sunday, November 01, 2009

Rumpaka Rajah

Transkripsi Rumpaka Rajah
Pantun Abah Akis - Désa Baros Kacamatan Arjasari -Kabupatén Bandung 2005


RAJAH


Pun sampun amitan ampun
ka luhur ka Sang Rumuhun
ka handap ka Sang Batara
Sang Batara Sang Batari
Sang Batara Nagaraja
Sang Batari Nagaumpi


Ka luhur ka nu mayungan
ka handap ka nu ngamparan
jisim tanpa isim-isim
neda agung nya paralun


K luhur ka Sunan Ibu
ka Sang Ratu Payung Agung
ka handap ka Sunan Rama
ka Guru Putra Hyang Bayu
Sang Kolépat Herang ngaraning menyan
Sang Embut Putih ngaraning haseup
sukma nu dikukusan
sukma nu dikukusan


Neda agung nya paralun
neda panjang pangampura
pun sampun amitan ampun


Reuwas ku impian kuring
bisi ditagih jurig saketi
ngahutang anu salaksa
nagihna sok susungkunan
ngedukkeun nu jadi hojah
mancokeun hujan jeung getih
kuyupuk jadi halimun
kayapak jadi sagara


Ditulak ku rajah pamutah
pangmutahkeun lembur ieu
ti hilir kutana beusi
ti wétan kutana waja
ti kidul kutana wulung
ti kalér kutana inten
lain kuta bagja

tapi kuta panday …



Neda agung nya paralun
neda panjang pangampura
pun sampun amitan ampun


Kasemuran kasemaran
kasemaran Nabi Adam
kasemuran Nabi Daud


Notog ka Gunung Koromong
énggal ka Pandita Gunung Padang
bray caang neda padang
caang dina tungtung ati
dukun lebus paraji sakti
nu séda waruga jagat
ninggang nusa tigang puluh tiga
bangawan sawidak lima
neda agung nya paralun
neda panjang pangampura


Punika Surat Sangakeling
meunang nulis poé Jumaah
opat belas bulan Mulud
utusan putra jungjunan
ombaklarang Jaketra
putra Radén Kanduruan
jurutulis Pajajaran
Ratu Suluk Raja Mekah
kusumaning Nusa Jawa
putra Prabu Siliwangi
tanggalna iman Islam


Astagpirullah al’adim 3 x
inal hérang inal lénggang
bumi langit acan ngajadi
manusa acan aya kakara Alah Taala


Buyut Gahung Ratu Gahung
nu ngawindu di buana pancatengah
cupu disampun manik
datang manik astagina
Nu ngageugeuh di Gunung Halimun
Buyut Eundeur Buyut Eur-eur
Buyut Timbang Ajirarang
nu nanggeuy Aji Rajah Pakuan


Neda agung nya paralun
neda panjang pangampura
astagpirullah al’adim 3 x


Punika Rajah Pamunah
munah kayu munah batu
dipunah ku rajah pamunah
munah lemah katut imah
dipunah ku rajah pamunah
punah kayu katut batu
dipunah ku rajah pamunah
punah ku sajagat kabéh
punah ku sajagat kabéh
punah, punah, punah
ku sajagat kabéh


Punika Rajah Pamunah
bayu mada, bayu madi, bayu waras
tunggal kulit, tunggal dagingning déwata
bisina sumping ti peuting datang ti beurang
bayu mada bayu madi bayu waras
tunggal kulit tunggal dagingning déwata


Ulah matak jadi mandawa kana badan
ulah matak jadi mandawi kana diri
bisi aya jurig nyiliwuri
setan marakayangan
kelong néwo-néwo
ti cai geusan mandi
ti darat geusan pileumpangan
teu wana, teu wani, teu wawuh


Astagpirulah al’adim 2 x
opat puluh kali
astagpirulah al’adim


Muncuk ka Sang Ratu Galuh
munday ka Kéan Santang
Sang Lumajéng Buanahérang
pangupatkeun pangupatkeun pangépéskeun


Bisi aya jurig nyiliwuri
sétan marakayangan
kélong néwo-néwo
ti cai geusan mandi
ti darat geusan pileumpangan


Muncuk ka Sang Ratu Galuh
munday ka Kean Santang
Sang Lumajéng Buanahérang
pangupatkeun pangupatkeun pangépéskeun
ka putra ka leuwisésa
ka putra ka leuwigedé
terusna ka Cihaliwung
mapayna ka Cisadané
Cihaliwung nunjang ngidul
Cisadané nunjang ngalér
pangrumbayan rambut panjang
paragi nu geulis mandi
paragi nu éndah ngala
ngala …



ditingalan nu ngahyang
astagpirullah al’adim


Cah hérang bermana putih
panyipuhan pangaweruh
panyiraman pangabisa
dumeling ka Kanjeng Nabi
cacap kersaning Alloh
lailahaileloh
Muhamadarosululoh


Huripna ti Gusti
warasna ti Allah
dat sipat mujizat
kersaning Allah
Alloh sajatining hurip
Alloh sajatining hirup
neda agung nya paralun
astagpirulloh al’adim 2 x


Bayu suci badan sampurna
kuliat kersaning Alloh
lailahaileloh
Muhamadarosululoh


Dat siro asmaning eroh
dat siro asmaning eroh


Alohumma wujud tunggal
sabangsa alékumsalam
asup nu agung bangsa manusa


Nu nampana Rosululoh
aci rasaning gampang
aci asmaning gampang


Astagpiruloh al’adim 3 x
astagpiruloh al’adim

No comments:

Post a Comment