Friday, July 18, 2008

16. Kalimah Keur Ngajaga Angin

Bismillahir rohman nirrohim
Ashadu sahadat bayu nu ngabangkeung putih
Anlla dat ngalagena putih
Ilaaha bayu putih nu ngalagena
Ilallah Hu gumulung dat putih jumeneng cahaya
Bayu di manusa mulih bayu ing cahaya nyata kaula
Ilang rongkah bayu gumulung kaula jadi tunggal di kaula
Kersa Allah kersa Rosululloh Huu Allah

Wednesday, July 16, 2008

15. Kalimah Nur Rasa

Bismillahir rohmanir rohim
Nur rasa dat suci raga suci kum jumenengna nur rasa
Gelar cahya rasa gumelar di bumi langit sawarga naraka
Dilautan, di daratan, di manusa, di jelema, di jin, di setan, di siluman, di dangiang, di cai, di seueneu, di batu, di tatangkalan, di bubuahan, dihewan, sakabeh hak kaula tulung ka umat Kudrat Pasti
Kaula nu bisa aya saeusi ning bumi langit sawarga naraka
Kaula ngaran nur rasa dat kaula raga suci
Hak nulung kaula ka umat kudrat pasti anu eling
Kersa karasa suci gumulung kaula idin Gusti di manusa umat Kudrat Pasti

Kembang Tanjung Panineungan

(Ciptaan mang Koko, dikawihkeun munggaran ku Ida) (disalin ku : Danurwenda Wijayaputra)


Anaking jimat awaking Basa ema mulung tanjung rebun-rebun di pakarangan nu remis keneh Harita keur kakandungan ku hidep.
Geus opat taun katukang ema nyipta mulung bentang nu marurag peuting tadi, Bentang seungit ditiiran, pangangguran Anaking jimat awaking, Basa ema mulung tanjung rebun-rebun, bet henteu sangka aya nu datang ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep


Nu opat poe teu mulang ngepung gunung pager bitis cenah tiwas peuting tadi, layona keur kadieukeun, dipulangkeun. Harita waktu layona geus datang, ema ceurik balilihan Ras ka hidep na Kandungan utun inji budak yatim, deudeuh teuing Harita waktu layon geus digotong, ema inget ieuh kana tanjung dikalungkeun na pasaran, kembang asih panganggeusan ieung ti duaan.
Anaking jimat awaking Lamun ema mulung TAnjung reujeung hidep, kasuatsuat nya pipikiran tapina kedalna teh ku hariring, hariring eling ku eling Kana tanjung nu dipulung Eh... kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan, nu nyeungitan hate urang Panineungan.

Saturday, July 12, 2008

14. Kalimah Panyinglar (2)

Bismillahir rohman nirrohim
Wujud Gusti wujud abdi, salamet Gusti salamet abdi
Papayung agung kum suci rasa suci jungjunan langit pangeran Kudrat Pasti atawa asal ratu batara suci
Adil islam mulya diiringna ku ratu sri balad tentara na
Ratu jin ratu setan ratu dangiang ratu marakayangan ratu kelong tina kana panitah na sasama nu dititahna
Nu asal jin balik ka jin, nu asal setan balik ka setan, nu asal dangiang balik ka dangiang, nu asal marakayangan balik kamarakayangan, nu asal ti ratu kelong balik ka kelong
Mulah mulih deui kana Nur Muhammad
Ashaduanlla ilaha ilalloh wa ashadu ana Muhammad ya Rosululloh

13. Kalimah Panyinglar (1)

Bismillahir rohman nirrohim
Nur hurung panyinglar setan
Nur lenggang Panyinglar iblis
Nur kuning panyinglar marakayangan
Nur putih ratu panyinglar, Nya aing ratu panyinglar
Sakti kami aya di Wali tangkal Sunan jumeneng nur hurung
Katinggalan dening enur nur suci nur mancur
Di satangkub ning bumi satangkarak ning jagat
Sing nyaho dat aing La ilaha ilallah kudrat pasti Rosululloh

Friday, July 11, 2008

12. Kalimah Nasib Diri

Bismillahir rohman nirrohim
Bismillahi nasib diri bagja nungguan kaula
Langkah teu sulaya kajurungan kudrat Allah
Setan sia anu sulaya, hukum kudrat tangtu nyata
Kaula dibere beja, Bismillah
Ucap kaula parentah anu Kawasa
Maksud kaula hayang mulya
Jin setan kiamat, hukum Imam tangtu muncul
Hukum kudrat tangtu nyata
Ya Ahmad Ya Karim Ya Ahmad Ya Hadir Ya Ahmad Ya Jadir
Al-Fatihah .....

11. Kalimah Pusaka Malaikat

Bismillahir rohman nirrohim
Nur Herang Araning Cai Malaikat Aing Malaikat Jibril Anu Ngajaga Di Tukang Katuhu, Jagalah Di Katuhueun Kaula;
Ujung Larang Araning Getih Malaikat Aing Malaikat Mikail Anu Ngajaga Di Hareup, Jagalah Di Hareupeun Kaula;
Tebing Larang Araning Tali Ari-Ari Malaikat Aing Malaikat Isrofil Anu Ngajaga Di Kenca, Jagalah Di Kencaeun Kaula;
Ibu Jati Araning Bali Malaikat Aing Malaikat Izroil Anu Ngajaga Di Tukang, Jagalah Tukangeun Kaula;
Sorot Beurang Peuting Lahir Bathin Dunya Akherat

Ceurik Rahwana

Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro

Banondari anu lucu
bojo akang anu geulis
kadieu rek sakeudeung heula
akang rek mere pepeling
geura sambat indung bapa
samemeh akang pinasti

Aduh enung anu ayu anu geulis
nu geulis pupujan ati
akang tangtu ngababatang
samemeh akang pinasti
erek menta dihampura
lahir tumekaning batin

Kaduhung akang kaduhung
kataji nu lain-lain
ka iwat goda rancana
kagembang ku Sintawati
geuning kieu balukarna
malendes malik ka diri

Cinyusu Indung Keur Nu Hurung Nangtung

Karya : Endang Somalia


Anaking,
bruy bray béntang raweuy na gugunungan
rébuan cika-cika reup bray dina mahkota
suku nincak hurung ngaburicak
leungeun ngagandeuang cahyana mangpirang-pirang

Bral anaking
caangan dunya nu poék mongkléng
lantéraan haté nu simpé jempe
sangkan caang mabra kamana-mana
ambéh léngkah suku teu kabawa sakaba-kaba

Gur, seuneu geura hurungkeun
sangkan cai nyéngsréng dina sééng
suluhna satangkarak jagad
caina satungkebing langit

Jug, geura leumpang anaking
geura salusur tirilik pasir pangreureuhan lambak
geura kuribeng leuweung nu peteng
geura papaés kahirupan nepi ka écés
geura peuraykeun cimata nu ngagenduk na juru panon
sangkan palid salaksa bebendon

Bral… bral anaking
hariringkeun dangding ka éling
geura suarakeun gending panyaring

Rajah Pamunah

(Mangle no 2070, 8-14 Juni 2006)

RAJAH PAMUNAH

Pun sapun ka Maha Agung
Ka Gusti Nu Welas Asih
Gusti pamuntangan beurang
Gusti pamantengan peuting
Sajatining pati hurip
Sajatining kasucian

Pun sapun Awignam Astu
Paralun ka Budeur Awun
Ka Rumuhun ka Karuhun
Sunda Salaka wiwitan
Sunda Sembawa munggaran
Sunda Pakuan angkeuhan
Pun sapun ngala deuk menta

Seja amit kami mipit
Ka sakumna lelembutan
Nu narindak teu narapak
Nu nyoara tan rupana
Muga hurip napsi-napsi

Pun sapun ngungkab mandepun

Saksi tulis daun nipah
Carita Parahiyangan
Gurit tambaga lalayang
Gurit saksi batu tulis
Tamperkeun saripatina

Pun sapun nyarungsum galur
Siksakandang Karesian
Kacaangan kahibaran
Ku Pustaka Wangsakerta
Muga jembar nya panalar
Balungbang baranang siang

Pun sapun…
Ampun paralun…

Cuplikan : Uga Tilu Sunda Pinunjul / Uga Cilaut Eureun

Uga (Ramalan) Tilu Satria Sunda

(1) "Uga Ciciren kaasih, ti kolot urang baheula. tanda kamelangna hate, bisi seuweu siwi Sunda kagoda milu edan jeung jalma anu baragajul, lolong kana pajamanan"

(2) " Makmak-mekmek hayang sugih, loba dunya luhur pangat, ka batur teu inggis nejeh, najan kudu ngahianat, asal laksana tekad, lir kokoro manggih Mulud, poho kana bebeneran"

(3) ".... nagara ilang komara, rahayat pinanggih lara, sagala kias teu mental, sakabeh pamingpin bingung"

(4) "Nu Katilu mah can jisim, pinunjul ahli nagara, pinter tur pertentang ngomong, kaloka ka jagat ingwang, tabah ngolah parentah, kaceluk manusa punjul, taya pibandingeunana"

(5) "Eta nu hiji, Calon Piseraheun Sunda, ku Uga dibulen keneh, Wallah Hu Alam Bissowab, iraha gumelarna, tibra di keukeupan waktu, moal medal salah mangsa!"

Thursday, July 10, 2008

Kidung Siliwangi

Sumber : Kumpulan Rumpaka Lagu Sinden - H. Djadja Sukardja - SGBS - CIAMIS - Sanggar Seni LIMA'S - www.datasunda.org

Siliwangi cunduk waktu

Dumadeg waktu mandiri

Makalangan dana laga

Seuweu siwi siliwangi

Teureuh terah pajajaran

Seke seler pajajaran

Dayaning ulur luluhur

Siliwangi henteu kari

Mencar ninggalkeun komara

Ngancik dina jiwa murni

Jadi banda sekar bangsa

Satria yuda perwira

Binekas luhur berbudi

Sumawur ngajadi catur

Siliwangi nu kiwari

Ngajadi pahlawan bangsa

Bebentang andelan jurit

Satria yuda perwira

Sena pati lemah cai

Enggoning ngolah ngawangun

Siliwangi henteu kari

Tigin singer makalangan

Ngarengsekeun repolusi

Nu dasarna pancasila

Tekad gemleng teu sok deui

Ngajadi aub papayung

Pangriksa eusining nagri

Pangauban amba rakyat

Siliwangi pageuh kancing

Mambrih rayat gemah ripah

Ayem tengtrem sepi tingtrim

Mugi nanjung panjang punjung

Ginanjar wibawa mukti

Ginuluran karaharjan

Tong leungit kudari musim

Tong laas ku sapajaman

Gagah tanggah ampuh pamuk

Nyata gagah pilih tanding

Taya sipat ngandar jangjang

Daweung teuneung mancen tugas

Ngudak cita-cita murni

Amin ya robal alamin

10. Kalimah Ibak Sir

Bismillahir rohman nirrohim
Nur teg ter rasa jleg gumulung rasa
Tunggal kaula dat kaula hirup patutunggalan sareng ayana gusti bul cahaya manjing raga kaula suproh nyawa manjing Muhammad
Jayaku jayana gerakku ayaku ayana langgeng teu kasipatan ku sipat
Hak kaula hak nyembah kaula kana ayana samemeh nu aya hirup lain pati, Allah hirup teu kakeunaan ku pati
Hak kaula hirup teu kakeunaan ku pati balik kana kaula
Anu langgeng hirup dat hirup eling hirup rasa hirup
Pangawasa hirup sir budi cipta rasa hirup
Pangreungeu hirup pangangseu hirup ningali hirup
Pangucap hirup kumpul dina dat hirup asmana Allah
Kaula balik kana ayana jeung ayana dat hirup teu kaleungitan
Hanteu di leungitkeun hanteu di pohoan hanteu ninggalkeun
Hanteu katinggalkeun hanteu kapohoan hanteu di pohoan
Kaula balik kana ayana kun jumeneng deui dat hirup
Dat hirup kudrat pasti

9. Kalimah Ngajimah Manusa

Bismillahir rohman nirohim
Gusti Imam, gusti ahmad, gusti Mahdudu, gusti Imamuhu kalamul datuhu.
Muga-muga sing dimurnikeun pikiran abdi
Muga-muga sing disehatkeun akal abdi
Muga-muga sing dikuwatkeun tanaga abdi
Muga-muga sing dirajinkeun gawe abdi
Muga-muga sing diseeurkeun baraya abdi
Muga-muga sing tiasa ngamiliki budi anu luhur
Nyaeta sing alus basa ramah tamah sopan santun tiasa perdamaian, kalayan pergaulan sareng sasama hirupna sebab uteuk tongo walang taga rong gogodongan Jin setan siluman tunggal buatan anu Kawasa

8. Kalimah Nur Sari

Bismillahir rohman nirohim
Nur sari kun jleg raga suci dat sari raga pasti
Kaula anu bisa nyipta amangan cahaya london pangan
Wujud kaula dat sari raga pasti anu bisa cicing malih warna
Kaula nyatana dat sari raga pasti welas asih kaula ka umat
Kudrat pasti hak kaula nulung jeung manjing kudrat pasti
Anu eling ka kaula dat sari pasti ngahiji
Idin gusti dat gumulung kalawan kaula.

Wednesday, July 09, 2008

7. Kalimah Meuleum Seuseungit

Bismillahir rohman nirohim
Menyan kasari kabukti mulya badan sampurna
Bul kukus ka ratu sir ti kaula, La Ilaha Ilallah
Kagungan Gusti nu diseja ku abdi
Nyuhunkeun dibuktikeun ku rupa-rupa anu aya
Hirup nu dihirupan kahirupan hirup kumpul
Kaula baktina ka Gusti nyata hirup
Kun Hak Nur Hak La Ilaha Ilallah
Kudrat pasti Ya Rosululloh Nurulloh La Ilaha Ilallah

6. Kalimah Peupeuncitan Hewan

Bismillahir rohman nirohim
Roh wesi braja manjing manusa
Sumuhun Qudusun Robbusun
Wal malaikati warruh Roh Rosul anu nampa
Roh sato rasa nu dibalikkeun ku raga
Sato Nurulloh bibit mutlak malik ka kandang rasa
Nu mawa roh wesi braja tumetep sampurna dina Nurulloh
YaHu ditampa ku Gusti, dibawa ku rasa dina cahaya
Raga Gusti Wali Suci Hu Allah

Tuesday, July 08, 2008

5. Shalat Sare

Bismillahir rohmanir rohim
Kaula niat sare kalawan hak
Usholli wiwitan kalawan wekasan
Badan sare hate nyaring
Roh madep ngimaning Allah
Dat suci
Sifat suci
Polah suci
Kabeh suci
Kalawan Muhammad Rasa ning Allah
Alllah Hu Akbar

4. Kalimah Adus Wudhu

Bismillahir rohmanir rohim
Adus nur sukma mulya ngenteng cahaya
Nu ngaraksuk nur suci kang beresih gumilang cahyaning Allah
Murba murbi Rosululloh nu metu hurung cahya Rosul
Nu medal cahaya Muhammad Nur Sirulloh Nur Sih Kudratulloh
Wengku teguh panyipuhan suci banyu mu'min talaga Kalkaotsar
Nu metu Rosul medal ti Muhammad, mancur cahya Muhammad

3. Kalimah Tajrih Ning Manusa

Bismillahir rohman nirrohim
Wujud tajrih ning manusa, Manusa sampurna ku panarima.
Usikum jenengna Allah nu nantung dina cahaya tunggal
Hak Dat sumujud kang beresih
Sukmana suci
Elingna suci
Rasana suci
Pangawasana suci
Paningalina suci
Pangangseuna suci
Suwarana suci
Sirna suci
Dat gumulung sakumpul suci
Nyembah ka Gusti hirup Gusti
Nu hirupna abdi

Monday, July 07, 2008

MaSa Depan

Diary by. : Waskita - Bdg

Semangat terus memacu dan mengusik hati untuk menggapai apa yang menjadi cita dan keinginan; Hempasan debu-debu silih berganti menghalau keinginan hati tuk meraih cita, cipta dan karya di dalam hidup,
Masa depan itu tiadalah kata suram dan sulit, apabila kita bisa memeluk angan kita dengan hati yang tulus dan kemauan yang kuat walaupun itu semua tinggallah dongeng di dalam hidup,
Namun percayalah, cobalah kita semua belajar bersyukur atas apa yang kita dapati di dalam hidup, walaupun masih banyak kekurangan yang kita miliki dan kehendaki, karena memang pada prinsipnya kita semua sebagai sosok yang diciptakan,
Mari sahabatku hadapi semua dengan senyuman dan ketabahan, mari kita belajar mencermati arti dari sebuah makna hidup walaupun kita terkadang menyadari dengan kekurangan2 yang kita miliki di dalam hidup ini,
Sukses buat semua sahabat ku dimana pun berada jalani hidup ini dengan tegar dan bersabarlah.
Maafku untuk semua nya…..

“Good Luck for All”

2. Kalimah Papayung Agung

Bismillahir rohman nirrohim
Buru-buru payung agung pangmukakeun lawang tujuh
Geus dibuka bale agung pangan sari
Di sagara ngeplak bujangga badan salira
Kersa nu Kawasa dicicingan ku Ratu Sunda
La Ilaha Illalloh Kudrat Pasti Ya Rosululloh

1. Tawasulan

TAWASUL :

Taudz...
Basmalah...
Istigfar 3x
Syahadat 3x
Sholawat 3x
Talbiyah 7x
Sholawat Nariyah 11x

Ila Hadroti :

  1. Nabi Muhammad SAW
  2. Nabi Adam wa Ummi Hawa As
  3. Nabi Syist As
  4. Nabi Ibrohim As
  5. Nabi Khidir As
  6. Nabi Daud As
  7. Nabi Yunus As
  8. Nabi Nuh Asa
  9. Nabi Idris As
  10. Nabi Luth As
  11. Nabi Musa As
  12. Nabi Ilyas wa Ilyasa As
  13. Nabi Sulaiman As
  14. NabiYusuf As
  15. Nabi Isa As
Kum Ambiya Adzmain As

Wa Ila Hadroti :
  1. Sayyidina Abu Bakar Sidiq RA
  2. Sayyidina Umar Bin Khottob RA
  3. Sayyidina Ustman Bin Affan RA
  4. Sayyidina Ali Bin Abi Thalib RA
  5. Sayyidatina Ummil Khoer Siti Fatimah RA

Kum Shohabati Rosulillah Adzmain RA

Wa Ila Hadroti :

  1. Malaikat Jibril Wa Mikail Wa Isrofil Wa Izroil Ajmain AS

Kum Ya Malaikatul muqorrobin Ajmain AS

Wa Ila Hadroti :

  1. Sayyidi Syeh Abdul Qodir Al Jaelani Min Baghdadi RA

Wa Ila Hadroti :

  1. Syeh Muhammad Muhyiddin
  2. Syeh Musa
  3. Syeh Isa
  4. Syeh Kutburrobbani
  5. Syeh Ali Abu Said
  6. Syeh Muqotil bin Sulaiman
  7. Syeh Luqmanul Hakim
  8. Syeh Hasan Asy`ari
  9. Syeh Abil Hasan Asy Syadzili
  10. Syeh Imam Sanusi
  11. Syeh Anaq Sabandi
  12. Syeh Ahmad bin Ali Al Bunny
  13. Syeh Ahmad Addrobi Asy Syafei
  14. Syeh Yazid Al Busthomi
  15. Syeh Abu Thohir
  16. Syeh Abdul Jabbar

Wa Ila Hadroti :

  1. Syeh Maulana Malik Ibrohim ( Sunan Gresik )
  2. Syeh Raden Rahmat (Sunan Ampel )
  3. Syeh Makdum Ibrohim ( Sunan Bonang )
  4. Syeh Raden Paku ( Sunan Giri )
  5. Syeh Syarifuddin ( Sunan Drajat )
  6. Syeh Ja`far Shodiq (Sunan Qudus )
  7. Syeh Raden Syahid (Sunan Kalijaga )
  8. Syeh Syarif Hidayatulloh ( Sunan Gunung Jati)
  9. Syeh Abdul Muhyi
  10. Syeh Raden Patah (Sunan Demak )
  11. Syeh Maulana Ishaq
  12. Sunan Tembayat
  13. Sunan Prawoto
  14. Sunan Ngudung
  15. Sunan Geseng
  16. Sunan Majagung
  17. Sunan Benang

Wa Ila Hadroti :

  1. Syeh Syubaqir
  2. Syeh Nurjati
  3. Syeh Maulana Magribi
  4. Syeh Nurulloh
  5. Syeh Muhammad Sholeh
  6. Raden Arya Wirata Nu Datar
  7. Sultan Maulana Hasanuddin
  8. Sultan Maulana Mansyur
  9. Syeh Nawawi
  10. Syeh Asnawi
  11. Mama Kadzim Asnawi
  12. Syeh Bentong
  13. Syeh Quro
  14. Syeh Kholil
  15. Syeh Bayanillah
  16. Syeh Rohmatul Qudus

Tsuma Ila Ruhi :

  1. Kyai Telengsing
  2. Kyai Ru`yat
  3. Pangeran Sake
  4. Raden Kan`an
  5. Mama Solihun
  6. Mama Rosadi
  7. Mama Abdullah
  8. Mama Maulana Husein
  9. Mama Abdullah Bin Nuh
  10. Mama Falaq
  11. Presiden RI ke I (Soekarno)
  12. Habib Ali Al Haddad
  13. Habib Husein Al Idris Luar batang
  14. Sanghyang Nurcahya
  15. Raden Magelung Sakti
  16. Aria Kemuning
  17. Sembah Dalem Wirasuta
  18. Eyang Prabu Papak
  19. Eyang Prabu Bajapati
  20. Eyang Haji Surya Kencana
  21. Raden Wali Abdul Jalil
  22. Embah Raden Omas
  23. Embah Rasa Jaya
  24. Embah Kucung
  25. Embah Juragan
  26. Eyang Prabu Siliwangi
  27. Eyang Prabu Ciung Wanara
  28. Kyai Guntur Langit
  29. Kyai Guntur Bumi
  30. Kyai Guntur Laut
  31. Eyang Prabu Guru Haji Putih
  32. Eyang Prabu Tadzi Malela
  33. Eyang Prabu Gesang Ulung
  34. Embah Jepra
  35. Embah Saridaja
  36. Embah Duhur
  37. Embah Bilang
  38. Eyang Prabu Bandung Bondowoso

Tsuma Ila Ruhi :

  1. Nyimas Dewi Sekarwangi
  2. Nyimas Dewi Ambet Kasih
  3. Nyimas Dewi Subang Larang
  4. Nyimas Dewi Kentring Manik MAYANG SUNDA
  5. Nyimas Dewi Gandasari
  6. Nyimas Dewi Arimbi
  7. Nyimas Dewi Damar Wulan
  8. Nyimas Dewi Ibu Ratu Kidul
  9. Nyimas Dewi Kalinyamat
  10. Nyimas Dewi Ageng Peniti
  11. Nyimas Dewi Bagelen
  12. Nyimas Dewi Panca Wati
  13. Nyimas Dewi Sartika
  14. Nyimas Dewi Mayang Sari
  15. Nyimas Dewi Ratna Inten
  16. Nyimas Dewi Nawang Wulan
  17. Nyimas Dewi Rara Santang

Tsuma Ila Ruhi :

  1. Kyai Haji Dalem Komaruddin
  2. Eyang Sukma Wijaya Keraton
  3. Eyang Jaga Raksa
  4. Eyang Khair
  5. Eyang Rangga Gading
  6. Eyang Santoan Qobal
  7. Eyang Abdul Manaf
  8. Eyang Abdullah Bedug
  9. Tubagus Anom Hasanuddin
  10. Embah Raja Peduni
  11. Embah Demang
  12. Eyang Mama Dira
  13. Mama Ace
  14. Prabu Bandung Bondowoso
  15. Pangeran Djayakarta
  16. Kyai Haji Naipin
  17. Sipitung
  18. Joko Tingkir
  19. Eyang Singa Perbangsa
  20. Eyang Dipati Siput
  21. Eyang Buyut Semar
  22. Eyang KiJuru Martani
  23. Eyang Ki Ageng Pamanahan
  24. Eyang Rembang
  25. Eyang Wali Sakti Qudrotulloh
  26. Eyang Jalak Mata Prakuta
  27. Eyang Warok Sur Nanggolo
  28. Empu Gandring
  29. Pangeran Diponegoro
  30. Eyang Jati Wulung
  31. Eyang Prabu Surya Negara
  32. Eyang Macan Lodaya
  33. Eyang Surapati
  34. Eyang Singa Kerta
  35. Ki Sadeng
  36. Ki Jamlih
  37. Eyang Aji Saka
  38. Eyang Bagaspati
  39. Eyang Aji Joyo Boyo

================================

Tsuma Ila Ruhi raja-Raja Sunda :
(
ket : raja sunda tidak di pakai hanya referensi saja)

  1. Maha Raja Tarus Bawa
  2. Sanjaya Haris Darma
  3. Tamperan Barma Wijaya
  4. Rakeyan Banga
  5. Rakeyan Medang Prabu Hulung Kujang
  6. Prabu Giling Wesi
  7. Pucuk Bumi Darmeswara
  8. Prabu Gajah Kulon
  9. Rakeyan Wuwus
  10. Windu Sakti Prabu Dewageng
  11. Rakeyan Kemuning Gading Prabu Pucuk Wesi
  12. Rakeyan Jaya Giri Prabu Wanayasa
  13. Prabu Resi Atmaya Darma Hariwangsa
  14. Libur Kencana
  15. Prabu Mundung Gana Wirna
  16. Prabu Jaya Giri Rakeyan Wulung Gadung
  17. Prabu Braja Wisesa
  18. Prabu Dewa Sanghyang
  19. Prabu Sanghyang Ageng
  20. Prabu ketya Maharaja Srijaya Bupati
  21. Prabu Guru Darma Siksa
  22. Prabu Raga Suci
  23. Mahisa Cempaka

============================

Tsumma Ila Arwahi Jami`il Ahlil Kubur Minal Muslimin Wal Muslimat Wal Mu`minin Wal Mu`minat Wabil Khusus …(Nama Ahli Kubur Keluarga Kita) Minal Masyriq Wal Magrib

Annallaha yagfirulahum wayarhamuhum Wayuli darojatuhum Fil jannah wan Ayyu`ida alaina min barokatihim wa asrorihim wa Anwarihim Wa ulumihim Wanafatihim Fiddini Waddunya Wal Akhiroh

a l fatihah 7x
Al Ihklas 40x
Annas 3x
Al Falaq 3x
Alif Lam Mim…… DST.... Al Baqoroh ayat 1-7
Ayat Kursy 7x
Istigfar 3x

Afdholu dzikri Fa`lam Annahu La ilaha illalloh
La Ilaha Illalloh Hul Malikul Haqqul Mubin
La Ilaha Illalloh Hul Malikul Haqqul Quddus
La Ilaha Illalloh Hayyun Ma`bud
La Ilaha Illalloh Hayyun Baqi
La Ilaha Illalloh Hayyun Ma`jud
La Ilaha Illalloh Hayyun Maqsud
La Ilaha Illalloh Sayyidina Muhammadarrosululloh SAW

La Ilaha Illalloh 164x

La Ilaha Illalloh Sayyidina Muhammadarrosululloh SAW

Innalloha wamalaikatahu yusholluna ala nabiy ya ayuhalladzina amanu Shollu Alaihi wasallim Mutasliman

Shollolohu Ala Muhammad 77x

Subhanalloh walhamdulillah wala ilaha illalloh walloh hu akbar 3x

Shubhanalloh wabihamdih subhanalloh hil adzhim 3x

Lailaha illalloh wahdahu la syarikalah lahul mulku walahul hamdu yuhyi wayumitu wahuwa ala kulli syai`in qodir 3x

Bismillah hilladzi layadurru ma`asmihi Syai`un fil ardhi wala Fissamai wahuwas sami`ul alim 3x

Audzu bikalimatillahi hitaamati min syarri ma kholaq 3x

Hasbiyalloh wani`mal wakil ni`mal maula wani`mannashir 3x

Lailaha illa Anta subhanaka Inni kuntum minadzolimin 41x

Ya alloh Ya rohman Ya rohim ya Hayyu Ya qoyyum Ya jala jalaluhu Ya dzal jalali wal ikrom 3x

Fain tawallau Faqul hasbiyalloh Hula ilaha illa huwa alaihi tawakkaltu wahuwa robbul arsyil adzim 3x

Astagfirulloh Robbal Baroya

Astagfirulloh Minal Khotoya 3x

Wala haula wala Quwwata illa Billahil Aliyyil Adzim Walhamdulillahi Robbil Alamin

Bibarokati Surotul Fatihah .... 1 X

Kemudian Baca Do`a kita : .....................

Gerentes Hate R.H.M. Syu'eb (Kalipah Apo)

Pajajaran tilas Silihwangi
Wawangina kasilih jenengan
Kiwari Dayeuhna Bogor
Batutulisna kantun
Kantun liwung jaradi pikir
Mikiran tulisanana
Henteu surud liwung
Teuteuleuman kokojayan
Di Ciliwung nunjang ngidul
SIlihwangi nuus di pamoyanan

Friday, July 04, 2008

WANGSA RAJA SITUS MEDANG KAMULAN By Connie Rahakundini Bakrie


Catatan Perjalanan Connie Rahakundini Bakrie di Nagri Kahyangan Medang Kamulan :



"Huang Ma Yeung Tung Che Wangsa
Bangan Ma Tang Siang Tie Nusara
Aung Hawa Ingsun Dewala sabda
Dikala Ingkang Nyuwun Pun Palaha
Pepala Sabda Kesejagatan dewata

Gek Medang Saung Nitis Nusa Jagat Raya
Angghon Driwahadan dewi Hasta
Titah Ratu Gung Binathara Adjarkusuma Padang
Tetes Titis Menitis Sukma rasa Jeung Kersa
Bing Kagungan Cipta Karya Nyata
Cah Bagus Muhammad said Kusuma
Jing Selamat Sakabeh Manungsa
Manungsa Nu Suci herang Rancege Hate

Kudu Puhit Sabda Sareng Cipta
Ayu Kersa Moal Lila Aya Deui Kanyataan Nana
Ni Cipta Bibier beberkeun Cupu Manik Astagina
Entong Ragu Kudu Napak Tilas Nganyambutna
Kibarkeun Tegak Panca Agung Bendera Anyar
Moga Mugi Warisan Warusun Warisin Wujud Nyata

Era Wali Amanat Aminit Amunut
Tur Nuh Pepeh Rapih Entong Pasea
Entong Mikapoho Make Kakalimat Dua
Laa Illaha Illa Allah, Muhammad Rasullilah
Luk Salam Ka Sangthyang Sira wawayangan Allah
Nah Sakitu Ti Pangeran Qudratullah"

TERUNTUK BUAH HATIKU

Untuk Anakku ”YUSUF SUKMADIPRABA”, Hanya Catatan Ini yang Bapak dapat berikan padamu nak. Sebuah ilustrasi perjalanan hidup Bapak dan orang-orang seperti Bapak dalam pencarian makna hidup yang Hakiki.; tapi memang hanya ini yang dapat bapak berikan padamu, bukan harta benda dunia


ALLAH SWT. Allah, kata agung [lafzh al-jalalah] adalah nama diri [ism al-dzat] Tuhan, nama esensi dan totalitas-Nya. Kata itu tersusun dari empat huruf.
Jika huruf pertama, Alif, dihilangkan, tiga huruf lainnya menjadi simbol alam semesta, wujud, yang mencakup alam nyata [dunya] dan langit gaib di atas cakrawala bintang gemintang; alam kubur [barzakh] dan surge; akhirat [akhirah].

Huruf pertama, Alif, merupakan sumber segala sesuatu, dan huruf terakhir, Hu [Dia], adalah sifat Allah yang paling sempurna, Yang Mahasuci dari semua sekutu

Catatan ini mungkin masih jauh dari benar nak karena memang hanya Allah SWT Sang Maha Tahu yang tahu kebenarannya, tapi Insya Allah jika engkau mengerti dan memahaminya, sungguh DIA selalu bersamamu disetiap tarikan dan keluarnya napasmu nak.

“DIA Dzat yang maha meliputi segala sesuatu”, tempat kita berasal dan kembali.

Pada setiap nama “ALLAH” ini terdapat rahasia menakjubkan,serta makna, hikmah, pengertian, dan pengetahuan istimewa.

Pada nama yang sempurna ini terkandung hal yang mengagumkan. Cari dan pahamilah! Insya Allah engkau akan menemukannya

___ Ibn ‘Ataillah___

Semoga engkau senantiasa selalu dalam perlindungan, ampunan, dan kasih sayang-NYA fiddunya wal akhiroh, Amiennn Yaa Robbal Alamiennn.