(Mangle no 2070, 8-14 Juni 2006)
RAJAH PAMUNAH
Pun sapun ka Maha Agung
Ka Gusti Nu Welas Asih
Gusti pamuntangan beurang
Gusti pamantengan peuting
Sajatining pati hurip
Sajatining kasucian
Pun sapun Awignam Astu
Paralun ka Budeur Awun
Ka Rumuhun ka Karuhun
Sunda Salaka wiwitan
Sunda Sembawa munggaran
Sunda Pakuan angkeuhan
Pun sapun ngala deuk menta
Seja amit kami mipit
Ka sakumna lelembutan
Nu narindak teu narapak
Nu nyoara tan rupana
Muga hurip napsi-napsi
Pun sapun ngungkab mandepun
Saksi tulis daun nipah
Carita Parahiyangan
Gurit tambaga lalayang
Gurit saksi batu tulis
Tamperkeun saripatina
Pun sapun nyarungsum galur
Siksakandang Karesian
Kacaangan kahibaran
Ku Pustaka Wangsakerta
Muga jembar nya panalar
Balungbang baranang siang
Pun sapun…
Ampun paralun…
"Mupunjung Jeung Ngagungkeun Karuhun teh Teu Cukup ku Kebul Kukus jeung Ngagul-ngagulna Wungkul, tapi Kudu Dibarung ku Kasadaran, yen Karuhun teh Ninggalkeun Karya jeung Hanca jeung Mangka Inget, Yen Unggal Entragan Pasti Jaradi Karuhun. Demi Kawajiban Urang Nyaeta Nuluykeun Hanca Karuhun, Ngagarap Tantangan Zaman Sorangan, Nyieun Karya Tuluykeuneun Entragan Anu Pandeuri"
Friday, July 11, 2008
Rajah Pamunah
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment