Friday, July 11, 2008

Cuplikan : Uga Tilu Sunda Pinunjul / Uga Cilaut Eureun

Uga (Ramalan) Tilu Satria Sunda

(1) "Uga Ciciren kaasih, ti kolot urang baheula. tanda kamelangna hate, bisi seuweu siwi Sunda kagoda milu edan jeung jalma anu baragajul, lolong kana pajamanan"

(2) " Makmak-mekmek hayang sugih, loba dunya luhur pangat, ka batur teu inggis nejeh, najan kudu ngahianat, asal laksana tekad, lir kokoro manggih Mulud, poho kana bebeneran"

(3) ".... nagara ilang komara, rahayat pinanggih lara, sagala kias teu mental, sakabeh pamingpin bingung"

(4) "Nu Katilu mah can jisim, pinunjul ahli nagara, pinter tur pertentang ngomong, kaloka ka jagat ingwang, tabah ngolah parentah, kaceluk manusa punjul, taya pibandingeunana"

(5) "Eta nu hiji, Calon Piseraheun Sunda, ku Uga dibulen keneh, Wallah Hu Alam Bissowab, iraha gumelarna, tibra di keukeupan waktu, moal medal salah mangsa!"

No comments:

Post a Comment