Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Banondari anu lucu
bojo akang anu geulis
kadieu rek sakeudeung heula
akang rek mere pepeling
geura sambat indung bapa
samemeh akang pinasti
Aduh enung anu ayu anu geulis
nu geulis pupujan ati
akang tangtu ngababatang
samemeh akang pinasti
erek menta dihampura
lahir tumekaning batin
Kaduhung akang kaduhung
kataji nu lain-lain
ka iwat goda rancana
kagembang ku Sintawati
geuning kieu balukarna
malendes malik ka diri
No comments:
Post a Comment