Bismillahir rohman nirrohim
Nur teg ter rasa jleg gumulung rasa
Tunggal kaula dat kaula hirup patutunggalan sareng ayana gusti bul cahaya manjing raga kaula suproh nyawa manjing Muhammad
Jayaku jayana gerakku ayaku ayana langgeng teu kasipatan ku sipat
Hak kaula hak nyembah kaula kana ayana samemeh nu aya hirup lain pati, Allah hirup teu kakeunaan ku pati
Hak kaula hirup teu kakeunaan ku pati balik kana kaula
Anu langgeng hirup dat hirup eling hirup rasa hirup
Pangawasa hirup sir budi cipta rasa hirup
Pangreungeu hirup pangangseu hirup ningali hirup
Pangucap hirup kumpul dina dat hirup asmana Allah
Kaula balik kana ayana jeung ayana dat hirup teu kaleungitan
Hanteu di leungitkeun hanteu di pohoan hanteu ninggalkeun
Hanteu katinggalkeun hanteu kapohoan hanteu di pohoan
Kaula balik kana ayana kun jumeneng deui dat hirup
Dat hirup kudrat pasti
No comments:
Post a Comment