Wednesday, July 16, 2008

Kembang Tanjung Panineungan

(Ciptaan mang Koko, dikawihkeun munggaran ku Ida) (disalin ku : Danurwenda Wijayaputra)


Anaking jimat awaking Basa ema mulung tanjung rebun-rebun di pakarangan nu remis keneh Harita keur kakandungan ku hidep.
Geus opat taun katukang ema nyipta mulung bentang nu marurag peuting tadi, Bentang seungit ditiiran, pangangguran Anaking jimat awaking, Basa ema mulung tanjung rebun-rebun, bet henteu sangka aya nu datang ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep


Nu opat poe teu mulang ngepung gunung pager bitis cenah tiwas peuting tadi, layona keur kadieukeun, dipulangkeun. Harita waktu layona geus datang, ema ceurik balilihan Ras ka hidep na Kandungan utun inji budak yatim, deudeuh teuing Harita waktu layon geus digotong, ema inget ieuh kana tanjung dikalungkeun na pasaran, kembang asih panganggeusan ieung ti duaan.
Anaking jimat awaking Lamun ema mulung TAnjung reujeung hidep, kasuatsuat nya pipikiran tapina kedalna teh ku hariring, hariring eling ku eling Kana tanjung nu dipulung Eh... kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan, nu nyeungitan hate urang Panineungan.

3 comments:

  1. Hatur nuhun lirik "Kembang Tanjung" na.

    ReplyDelete
  2. http://ghaisan.multiply.com/music/item/119/Kembang_Tanjung
    --saatosna ngadangukeun langsung kawihna di dinya, asa sakedik lepat dina kalimah bentang anu marulang, dadanguan mah marurag, duka tah...

    ReplyDelete
  3. aihh sumuhun kang irfann .. nuhun diwartosannn ,, engkin ku abdi di robihnya kangg

    ReplyDelete